naskah drama cindyrela



BABAK 1
Aji     : la la la la la...
Elok   : keur naon hey?
Aji     : hayang nyaho wae didinya
Elok   : keur GALAU nya ? hihi
Aji     : What ??GALAU ?  (berubah raut wajah) eh enya ketang sigana mah...
Elok   : kadieu geura, abdi gaduh pilem anyar. Caritana teh saeeeeeeeeeeee pisaaaaaaan
Aji     : carita naon ?
Elok   : tonton babarengan weh yu..
Aji     : hayu..
(iklan)
Di ceritakeun aya hiji kulawarga anu bahagia nyaeta: Acil (ayah), Sansan (ibu) jeung Adetia (cinderela), tapi pas Adet geus gede, ibu cinderela (Sansan) maot. Tuluy, Acil ngarasa kasepian terus cinderela miwarang bapana milarian panggentos indung kandungnya.
Dialog  (adegan cinderela keur ngobrol jeung bapana)
Adet  : bapak nuju naon..(nyamperkeun bapa na)
Dicky : nuju pesbukan...
Adet  : adeuuhhhh bapa nuju begernya ?????
Dicky : mmmmm.....ah henteu oge..
Adet  : perlu bantosan teu pa ?
Dicky : sok atuh ku eneng pang milarian keun istri kanggo bapa
Adet  : oooo bapa teh tos teu kiatnya, nyalira wae..
Dicky : tah eta apal gening..
Adet  : nya entos atuh abdi bade milari heula.
Dicky : milari naon neng ?
Adet  : nya milari mamah anyar atuh.. J (bari ngajauh tina kursi bapana)
Sababaraha sasih salajengna, ayah cinderela manggihan dambaan hatena anu ka dua, berkat pesbuk... Calon istrina teh nyaeta janda anak dua, indung terena eta sok nyiksa cinderela sabab hoyong ngawasaan kana harta kulawarga cinderela.

Dialog basa keur chatting
1 : Hy
2 : hy ogge
1 : leh knlan gug....:)
2 : bleh...km cpa ???
1 : qw sitti (afifiah), kmu cappah ?
2 : aq nandang (dicky), km nak mna ???
1 : qw nak bndg,,,km..?
2 : ehhh sma,,,aq jga nak bndug
Beuki lila, maranehna jadi beuki deukeut, tuluy ahirna mah maranehna teh nikah.

BABAK2
Bapana geus nikah jeung awewe anu geus ngabogaan 2 anak. Katingalina mah awewe eta teh bageur, tapi aslina mah awewe eta teh hoyong nguasaan harta banda milik kulawarga si adet.
Afifah: ahahhaha, si eta geus jadi salaki kuring, teu nyahoeun si eta, padahal
   kuring boga niat sejen.. hahaha J
Indri  : Mah,  abdi sirik ka si Adet. Manehna boga kabeungharan loba. Hayang nyiksa manehna, ameh kabeungharanana jadi milik urang. Kumaha nya carana ? Sabab aya bapana wae euy.
Nadia : bener, kumaha nya ameh urang bisa laluasa nyiksa budak eta
Afifah : ahaha.. urang nyieun bapana lumpuh.. teu bisa leumpang..
Indri : kumaha carana mah??
Nadia : enya mah kumaha carana??
Afifah : kumaha engke welah… bisa di atur, hahaha
Indri  : terus ayeuna urang kudu kumaha?
Afifah : ayeuna maraneh kudu pura pura bageur ka si adet. Ameh si adet teu curiga
Nadia : Sip, pasti atuh, ari si Adet ayeuna keur kamana ? Urang geus lapar yeuh.
Indri  : Enya, kuring ge geus lapar yeuh. Titah masak ah.
Afifah : Enya ke heula tungguan sakeudeung, tadi mamah geus nitah si Adet masak, ayeuna keur ka pasar heula.
****
(Dijalan, sabalikna ti pasar.)
Adet  : Eh sugan teh indung jeung lanceuk-lanceuk tere urang teh jarahat, ari pek teh balageur pisaaan
Elok   : Oh alus atuh ari kitu mah, kuring moal hariwang. Da lamun biasana mah indung jeung lanceuk tere teh sok jarahat.
Adet  : Hahaha.. moal atuh indung jeung lanceuk tere urang mah. Eh atos heula atuh nya, kuring rek masak heula.
Elok   : Sok atuh.
Aji     : Kade dijalan nya..
****

(Adet geus nepi ka imah)
Nadia : (ngaharewos) mah.. mah.. itu si Adet geus datang.
Afifah : Oh enya bener..
          Adeeeet… tos sumping gening.. cape nya ? Kadieu di pencetan ku mamah..
Indri  : Tapi det, abdi lapaar.. tapi teu bisa masak, kumaha atuh ?
Adet  : Nya entos atuh ari kitu mah, dipangmasakkeun ku abdi nya.
Nadia : Ih adeettt.. meuni bageur-bageur teuing nya..
Afifah : Anak mamah tea atuh
Adet  : Hahaha.. Gue tea atuh.. (bari tuluy ngaleos ka dapur)
Nadia & Indri : (ngaharewos) yesss.. hahahah
Afifah : asik . berhasil !
****
Sabada makan, Nadia jeung Indri jalan-jalan ka puseur dayeuh. Di jalan maranehna ngobrol bari seuseurian.
Nadia : Oyy ! pokona mah urang kudu pura-pura bageur ka si Adet, ameh teu
   curiga!
Indri  : Nya enya atuh, apan kudu propesional
(ti kajauhan, si Aji ngadenge)
Aji     : Hah ? Naon eta? Eta naon eta? Aduh Adet! Bahaya ieu, wah gawat! Wah walah, aduh aduh.. (bari geumpeur)
(Nadia jeung Indri melong, terus nyentak)
Indri  : heh maneh eta, nu didinya! Saha euy, lalaki atawa awewe ? Kadieu maneh!
Nadia : enya, kadieu sakeudeung!
Elok   : kasaha? Ka urang ? atawa ka saha ?
Aji     : pasti lain ka abdi, da abdi mah budak bageur..
(Nadia jeung Indri deuk ngadeukeutan)
Elok   : (geumpeur) Ah teuing ah, gara-gara maneh da. Teuing tah gara-gara maneh.. Pokona gara-gara maneh!
Aji     : Naha gara-gara urang? Naha urang deui-urang deui? Naha urang wae ?
   Naon salah kuring? (sedih setengah ambek)
(der weh aji jeung elok buk-bek gelut. Tuluy, ti kajauhan nadia jeung indri ningali bari haharewosan.)
Nadia : Aduh siah, palalaur kitu  ih, kabur yu ah ndri. Bisi diserang..
Indri  : Hayu, engke moal geulis deui atuh. Saur bapa Tebe, lamun bahaya, kudu.. LARIII...
(lumpat )
Aji     : wkwkwkwkwk.. berhasil euy, berhasil..
Elok   : miluan kesting pilem weh yu.. hahaha..
Aji     : lok, urang kudu gera-geura mere nyaho si Adet, manehna dina bahaya..
Elok   : hayu atuh urang sampeur...
(nyampeur si Adet..)
Aji     : Adeeeettt..
Adet  : Punten, adetna nuju bobo..
Elok   : ari eta saha atuh ?
Adet  : (teu bisa ngajawab) hehehe..
          Aya naon euy bet kadarieu ? rek menta dahar da.. haha
Aji     : Kieu det, tadi kuring ngadenge Nadia jeung Indri keur ngobrol di jalan. Tuluy, kuring ngadenge yen maranehna keur ngomongkeun maneh..
Adet  : Terus kumaha cenah ?
Aji     : Maranehna rek nyiksa maneh cenah, tuluy rek nguasai harta banda milik kulawarga maneh..
Elok   : Enya bener det..
Adet  : (ambek) Naha ari maraneh ? tong sok mitnah atuh, teu resep kuring mah.
Aji     : tapi det, ieu teh bener det. Da ari urang mah jadi babaturan ngan ngabejaan weh, da nyaah. Rek percaya atawa henteu mah nya bae weh, da eta mah hak maneh..
Adet  : Urang mah lain teu percaya ka maneh, tapi eta teh dulur urang. Geus ah, kuring mah rek asup heula, rek mandi!
Elok   : (rada emosi) kumaha maneh weh lah! Hayu ji, urang balik weh..
(aji jeung elok balik ka imah. Basa keur dijalan, elok nyalahkeun aji)
Elok   : tuh ji, maneh mah, gara-gara maneh si Adet jadi baeud. Disangkana urang hayang ngadu domba maranehna. Ah maneh mah, teuing atuh ah! (bari nyuntrungkeun si Aji)
Aji     : naon atuh elok ? jadi nyalahkeun ka urang ? (bari lolongseran dina taneuh) atuh teuing, pan abdi teh nyaah ka si Adet teh, elok!
Elok   : (bari ninggalkeun si Aji) teuing ah, kumaha maneh weh. Pokona teuing ah teuiiiiiiiing !
Aji     : Ih naha atuh iih, naha jadi kieu ih ? Naon sih-naon sih? Naha jadi kuring nu disalahkeun ? BT BT BT BT BT BT...
Elok   : kumaha maneh we lah, lieur urang mah. EGP BGT. (ngaleos ninggalkeun aji)
Aji     : (ceurik, mikir, tapi ngarasa bener) ah da urang mah bener, urang mah nyaah, cinta, suka lah pokona...
(Elok balik ka imah, Aji oge balik ka imah)
Adet  : (ku polosna, ahirna nanya ka Indri jeung Nadia) teteh-teteh, tadi geura nya, pan abdi teh panggih jeung elok & aji, terus maranehna teh ngomong kieu, “Adet, cing ati-ati nya, lanceuk-lanceuk tiri maneh rek nyilakakeun maneh!”
Indri  : (gugup, tual-toel jeung nadia, teu nyaho kudu ngajawab naon) Aaaaaaaaaahh maenya ?
Adet  : enya geura, bener kitu ?
Indri & Nadia :  (ngajawab bareng) nya henteu atuh, pan urang mah silih nyaah, moal kitu atuh!
Indri  : maenya ah jeung dulur kitu, moal atuh det..
Nadia : indri, hayu urang ka kamar!
Indri  : nya, hayu teh..
          Det, urang ka kamar heula nya..
(dikamar, nadia & indri was-was, si Adet jadi panghalang keur ngamusnahkeun si Dicky)
Nadia : kumaha atuh kumaha ? abdi pusing, aduuh..
Indri  : sami abdi oge, ya Allah..
Indri  : Ya Allah, urang lieur, jadi kumaha atuh ?
Nadia : euleuh kalah nanya, urang ge jangar..
Indri  : ya Allah, tunjukkeun jalan..
Nadia : kamana ari maneh ?
Indri  : kamana we, nu penting asiik..
Nadia : serius atuh euy, apan maneh ge hayang nyiksa si Adet, meh sakabeh nu aya di imah ieu teh kapimilik ku urang..
Indri  : naha aya naon kitu di imah ieu ?
Nadia : indri... indrii.. lieur ah uing mah, ngobrol jeung anda mah.. kumsi ah kumsi!
Indri  : heug atuh ari kitu mah. Ayeuna tereh magrib, urang solat heula weh nya, tuh geus kadenge adzan..
(Di kamar, Adet & Dicky keur paduduaan, Adet keur ngahuapan bapana nu keur geuring)
Afifah : Nad, Dri, kadieu anak kuring anu paling geulis ceuk indungna mah..
Nadia & Indri : Sakedap Mamih..
Indri  : (bari riweuh) aduh mamah, aya naon atuh mah.. kuring meni reuwas yeuh..
Nadia : Alay ah maneh mah, alay..
Indri  : Bae weh da budak keneh..
Afifah : Geus ah tong loba bacot, kieu, pan si papah keur gering, hareeng cenah. Ayeuna teh keur dihuapan ku si Adet. Ayeuna kieu, mamah rek nyampeurkeun maranehna, tuluy engke maneh (nunjuk ka Nadia) mawa kopi susu anu make racun beurit, jeung maneh (nunjuk ka Indri) mencetan si Dicky meh teu curiga. Ngarti teu ?
Nadia : oh, tapi engke abdi kudu mawa kopi atawa susu ?
Indri  : Euh boga lanceuk teh meni kieu-kieu teuing nya.  Geus ah, cicing, tuturkeun urang weh..
(Afifah ka kamar, Indri jeung Nadia ka dapur)
Dikamar….
Afifah : Det, nuju naon geulis ?
Adet  : Nuju ngahuapan papah tercinta mah..
Afifah : kadieu atuh ku mamah, sok weh Adet mah nonton TV..
Adet  : wios we mah, teu nanaon ku abdi ge..
Afifah : apanan Adet mah solehah, saur mamah oge ieu ku mamah weh, apan mamah teh ayeuna tos janten istri papah..
Dicky : Muhun det, sok weh adet mah geura istirahat ka kamar.. wios weh bapa didieu sareng istri bapa.. bapa hoyong sayang-sayangan sareng si mamah..
Adet  : muhun pa. mah, dadaaaaaah..
(basa adet ka kamar)
Afifah : Pa, dikaulaanna ku abdi nya..
Dicky : muhun sayaaang…
Afifah : papah teu acan eueut  nya ? ke heula pa, urang sauran Nadia sareng Indri.
          Nadiaaaaaaaaa,,, Indriiiiiiiiii.. Kadieu, buru! Pangnyandakkeun cai eueut kanggo si papah!
Nadia : (ngagorowok ti dapur) enya maaaahh.. antosan..
(Indri jeung Nadia ka kamar bapana)
Nadia : papahku sayaang, ieu kopi susuna, dicampur ramuan cinta pah, mangga dileueut..
Indri  : kadieu pah ku Indri dipencetan, pake mantra cinta..
Dicky : hahaha.. asa dikurilingan ku cinta euy, hahaha.
          Ku bapa di eueut nyaaa..
Afifah : (ngaharewos) sakeudeung deui.. hahaha
Dicky : aaaauu.. nyerii..
Nadia : nyeri naon pah ?
Dicky : nyeri beuteung, mules..
Indri  : ohh..
Dicky : kela, ka jamban heula..
(basa keur di jamban, bapana tisoledan, kakina katilep.. jadi weh bapana lumpuh)

BABAK 3
Nadia : Adeeeet………………. buru kadieu ! Adeeeeeetttttt…………. Mana si adet teh teu datang-datang !
Indri : Ari maneh mengo atawa bolot ?? Nya heueuh moal datang da moal kadenge, da manehna oge ngageuroan ti buruan ka dapur. Ieuhh, ti buruan ka dapur teh aya meureun ti sakola ka lapang dodo !! Kapan leuga imah urang teh, istana mameeeen………. !
AFifah  : Aya naon nu gareulis ??
Nadian & Indri :  Aya hitut nu di juru !
Afifah  : Euleeeuuuuhhhh pantun kaleeeee :p
Indri  : Mamah, iitu si Adet teu datang-datang di geuroan teh, tinggali seuseuheun meuni loba geus saminggu teu  nyeuseuh teupikeun ka euweuh jeroan-jeroan acan !!
(datang we si Adet)
Nadia : Enya mah hoream nyeuseuh !! engke leungeun kuring rorombeheun….
Afifah : (kukulutus) rorombeheun mah lainna tina suku nya ?? Aduuh anak kuring anak kuring .. Jug, atuh ka dapur ka si Adet titah nyeuseuh,,,
Nadia           : Adeeeett,,,
Adet : Aya naon ??
Indri : Yeuuh seuseuh baju urang ulah tepi ka rusak mahal yeu baju teh
Nadia           : Baju meunang nganjuk oge BANGGA (ngaharewos)..
Indri  : Ngomong naon maneh ? Teu kaharti eta behel sumputkeun heula gera !! Tapi da emang bener menang nganjuk ti Ceu Een. HAHAHAHA
Adet  : Ieu teh kudu diseuseuh sadayana? meuni seueur-seueur teuing
Afifah : Heueuh, sok-sok geura nyeuseuh geus nyeuseuh masaak, Geus masak ngepel, Geus ngepel elapan kristal-kristal nu diimah, Geus kitu ngumbah wadah, tuluy sasapu di buruan nyaaa..
Adet  :  Teu kirang seueur mah? Iraha tuangna atuh ai abi ? Kapan sami lapar abi ge. Sami MANUSA,,
Indri : Naha ari maneh ngomong naon atuh ?? Sok-sok ari dititah ku kolot teh pamali ieu, DORAKA siaahh !
Adet : Aranjeun ge nyiksa abi, DORAKA atuh, kapan abi teh anak piatu euweuh indungna..
(Lagu Duh Indung)
Nadia           : Naha emang urang nanya kitu ??
Adet  : OHH henteu ?? Hapunten atuh boss !! BOSSONGOT (indit ka dapur rek nyeuseuh, sediiihh)
Indri : Eh, maneh siaahh !! SONTOLOYO pisaaannn..
Afifah : Geus atuh geus nu penting mah si Adet geus ngagawean eta nyaa..
Nadia & Indri : Muhun maaahh..
Adet : Nyeuri urang mah nyeri hirup teh kieu-kieu teuing unggal poe teh, galau, olewes, polepel, celamana, salawasna (ngagusreuk nyeuseuh di Situ deukeut imahna)
Sanggeus nyeuseuh Adet tuluy masak di dapur, basa keur masak di geroan ku Lanceuk-lanceukna..
Indri : Adeeetttt……………mana ieuh sisir atuh tong di kamar maneh wae, nu urang rusak nu si euceu Nadia mah geus arompong cikan urang nginjem nu maneh
Adet : Mangga candak we di kamar, abi nuju ngagoreng lauk itu teh..
Nadia           : Eh, cokot ku maneh adet, lain kalah nitah balik..
Adet : Ih maraneh mah, henteu ngarti nya, abi teh nuju ngagoreng lauk ieuhh bisi tutung..
Nadia           : Cokot buru ayeunaa !! tong loba alesan wae, hoream maneh dititah ku urang ? ngomong atuh ngomong !!
Adet : Muhun hoream carape sim kuring teh ari hoyong terang mah
Indri : Teu hayang apal barina ge urang mah… Sok-sok cokot ayeuna ieuh…
Adet : muhun muhun..
(Di dapur lauk nu di goreng teh tutung)
Adet : Aduuuuuuuuuhhhhhhh……….ya Allah, ya Allah ieu kumaha atuh kumaha (kalah dipelong lain dijait) alaaaaahhh kumaha atuh kumaha ??
(Datang Dicky bari lumpuh oge nyamperkeun ka dapur da ngambeu bau tutung)
Dicky           : Astaghfirullohaladzim kunaon adet ieu teh naha meni nepika kieu??
Adet : Muhun pa, ieu lauk hilap nuju digoreng ditinggalkeun ku Adet teh, janten tutung
Dicky           : Ohhhh :p (lauk masih di antep wae dina katel)
(Datang we Afifah nyamperkeun ka dapur)
Afifah : Aduh, eta meni diantep kitu atuh det !! Jait atuh menak, ucu, bager, geulis !! (ngajait eta lauk) cek ema ge tadi keun we ku ema adet mah tiasa ameng sareng Indri & Nadia..
Adet : (ngomong lalaunan) sidikan apan tadi kuring dititah ku manehna dititah masak ai ayeuna kalah di carekan nya keun atuh urang rek ulin we dikamar….Muhun atuh mah..
Afifah : Jig atuh kaditu ka kamar we..
(Adet indit ka kamarna)
Afifah : Yu pa, urang ka kamar deui we, keun ieu engke urang diteraskeun ku ema bapa ayeuna istirahat we di kamar nya, yu ku ema dijajap..
Dicky           : Ah wios atuh ma didieu bae sareng ema, bade maturan ema masak bilih keueung di dapur nyalira..
Afifah : Tos biasa ah pa nyalira wae ema mah, wios we wios..
Dicky           : Atuh da bapa hoyong didieu meh ema sumanget masakna ai dibaturan ku bapa mah panginten, (genit tea ka si ema bari ogo pikaresepeun peureup) pan masakna janten sagelas cinta, sapiring rindu, samangkok sayang, sapotong kasih..
Afifah : Meni jiga budak ngora wae bapa mah ah (cuiih cuiih cuiiih) hayu ah pa ka kamar we..
(Nganterkeun ka kamar salakina)
Geus nganterkeun salakina ka kamar, Afifah nyamperkeun si Adet ka kamar..
Afifah : Ai maneh adet gawe teh euweuh kabecus pisan ?? Bisa naon ai maneh hirup teh ??
Adet : Bisa dahar ma..
Afifah : Maneh mah dititah nyeuseuh ngan meakeun sabun.. leuheung mun bajuna wangi sakitu bau keneh teh, ai sabun beak 30kg sakali nyeuseuh teh
Adet : Eta mah nu makena we bau nepi teu benang pan ku sabun 30kg ge
Afifah  : Maneh ngabantah wae ai urang keur ngomong teh, jempling siah !! (tarik sorana, nepi Nadia  & Indri ngadenge terus nyamperkeun ka kamar si Adet)
Nadia : Aya naon mak ?
Indri : Muhun aya naon ma, meni soak abi mah ngadangu sora ema bieu
Afifah : Naon dei ari lain gara-gara budak tengik bau amis ieu,
Nadia & Indri : Oh si Adet
Afifah : Heeh, ieuh buru gera masak deui kaituh urang geus lapar tuh bapa maneh pangnyieunkeun bubur sarua meren hayang dahar bapa maneh ge
Adet : Pan tadi ceuk ema wios masak ku ema adet dipiwarang ka kamar
Afifah : Naaa ai maneh adeettt (ngajengut si Adet tuluy kaluar ti kamar si Adet)
(Adet cirambayan)
Indri : heh maneh adet, buru masak kaituh beuteung lapar yeuuuhh
Nadia           : heueuh ngamiskolan wae yeuh beuteung
Indri : Eta karek diisi pulsana jadi beuteung urang ngamiskol beuteung maneh
Nadia           : heeh meren ah, lapar we intina mah
Indri : Jig jig buru adet ulah tutung deui awas mun tutung deui di belewekeun kanu biwir maneh gera !! (ngadegungkeun si Adet )
Adet : kela bade update status heula nya sakedap sugan we seueur nu ngoment jeung ngelike (mawa facebookna)
Nadia           : Hayu indri, urang maen poker deui we urang ge,
Indri : (indit kaluar ti kamar si Adet) Pokona maneh kudu masak awaaaaaaaaaaasssssssssss mun henteu siaahh !!
Adet : Heuuggg

Adet masak ka dapur, apekteh keur masak si Adet kalah kaasikan maen facebook jadi pasakanna tutung deui
Nadia & Indri nyampeurkeun ka dapur da ngambeu bau tutung deui
Nadia : Indri, si Adet teu baleg ieu masak geura tutung deui
Indri  : Euh nyaho beuteung urang teh lapar jadi euweuh dahareun deui atuh
(Ngageroan si Adet)
Nadia & Indri : Adddddeeeeeeeeeeeeeeettttttttttttttttttt!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!
(Adet teu ngadenge kalahkah anteng maen fb)
Indri  : Mana si Adet teh ??
Nadia : Sampeurkeun weh sampeurkeun, Indri bebeja ka ema..
Indri  : Heuggg atuh..
(Nadia nyampeurken si Adet, Indri bebeja ka si Ema)
Nadia : Ai maneh torek adet. Urang tatadi jojorowokan ngageroan maneh
Adet  : Nananananananana (ngadengekeun lagu make headset)
Nadia : (ngalaan headset si Adet, ngomong kana ceulina) Maneh kalahkah ngeunah ngeunah kieu lainna masak nyaho beuteung urang teh lapar hayang dahar
Adet  : (Nangtung) Hayang dahar maneh teh? Nya heueuh atuh ari lapar mah dimana mana ge hayang dahar. Lainna masak sorangan atuh
Nadia : Tuh pagawean maneh tingali tutung deui tutung deui ari maneh kadon fban..
Adet  : (karek inget) Alah heueuh poho urang teh keur masak. Kumaha atuh itu pasakannana?
Nadia : EGP BGT..
(Dikamar, Indri bebeja ka indungna)
Indri  : Ema eta geura si Adet tutung deui tutung deui masak teh. Nyaho abi teh lapar..
Afifah : Belewekeun weh kana bahamna..
Indri  : Hayu geura ema urang sampeurkeun..
(Afifah jeung indri nyampeurkeun ka kamar si Adet. Di kamar si Adet …)
Indri  : Tuh tempo ku ema si Adet mah ngalonyeng wae ka si Nadia oge..
Afifah : (Ngadegungkeun si Adet) Ai maneh kudu dikumaha ku urang teh? Mun maneh kieu wae bapa maneh rek di bunuh ku urang. Maneh jadi teu boga sasaha deui.
Adet  : Muhun ema hapunten ema muhun tong di kukumaha bapa mah ka abi weh lampiaskeunnana
Nadia : Geus dititah masak 2 kali 2 nana tutung
Indri  : Lapar urang teh det lapar
Afifah : Geus teu beunang di sabaran wae ieu budak teh geus indri bawa racun bikeun ka bapana sina di inum meh paeh sakalian, jadi ieu Karajaan bisa kapimilik ku urang
Adet  : (ceurik bersujud ka Afifah)
Indri : Geus mak, urang siksa si Adet we mun bapana paeh pan urang can apal surat surat kakuasaan ieu istana
Nadia           : Heueuh betuull
Indri : Sabaran heula we mak keur ayeunama mah, Jig maneh daek teu dititah masak,
Nadia           : Kudu daek..
Adet : Muhun muhun,
Indri : mun tutung deui ku urang maneh moal dibere dahar saminggu..
Nadia           : Heueuh betuull..
Indri  : Lapaaaaaaaaaaaarrrrrrrrrrrrr aing teh adet (ngangkat si Adet)
Nadia           : Heueuh betuull..
Adet : Muhun muhun, bade ieu ge..
Afifah : Jigjig atuh lain muhun muhun..
Adet indit ka dapur, Indri Nadia Afifah indit ka kamar
(Di dapur)
Adet : Gusti, naha kahirupan abi janten kieu ?? (ceurik)
(Peri datang)
Sansan : Kunaon  atu adet ??
Adet : Ieu atuh abi teh sapopoe ngan disiksa we jeung disiksa ku dulur sorangan teh, ngan sabar we jeung sabar ieu teh
Sansan : Orang sabar disayang Allah..
Adet  : Terang abi ge tapi maenya sabar wae abi teh, abi ge da hoyong ameng atuh sareng rerencangan sanes ngan ngagawean pagawean imah wae
Sansan : Ohhhhh kituuuuuu (ngadahar dahareun nu di pasak ku si Adet)
Adet : Ari maneh guna naon kadieu ?? Leuheung mun ngabantuan kalah ngadahar gera nya
Sansan : Pan ieu ge ngabantuan det sim kuring teh
Adet : Ngabantuan dahar ?? Geus atuh peri, cing karunya ka urang teh, ieu masak teh keur dulur dulur urang, nu tatadi ngambek wae ka urang teh soaaak urang teh peri, soaaakkk..
Sansan : Heuugg atuh ku urang bantuan (ngaluarkeun tongkat magicna) tingtiring tring tring.. teng teng teng teng teng…… dengan kekuatan bulan dan bintang makanan datanglaaaaaaaaaaahhhhhhhhh..
Dataaaaaang dataaaaaaaaaaaang
Adet : Keur naon ai maneh peri ?? Ciga nu teu waras..
Sansan : Cicing atuh tong menggangu konsentarasi
Adet : KONSENTRASI ahh..
Sansan : Heu apalah itu susah pabalitut ngucapkeunnana
Adet : Euh sableng,,,,,,,,,,
Sansan : Naha teu datang datang nya ieu teh ?? Kumaha atuh det, mangkaning dahareunnana geus beak ku urang
Adet : Ah maneh mah da,teuing ah baed ah baed
Sansan : Nya jig we teu tugi, nu rugi saha da maneh yey :p wleeeeeeeeeeee
Adet : Enya atuh ketang teu jadi pundungna ah, tong pundungan ah bisi langsing jiga ibu peri, WAKWAKWAKWA
Sansan : Suuuuutttttttttt, datang gera makanan (datang we dahareun) Tuh nya ceuk abi ge naon??
Adet : Waaaahhhh berfungsi gening eta tongkat teh cing kanggo abi we peri
Sansan : Entong atuh mun ieu di bikeun ka maneh urang moal aya muncul deui atuh jadi peri, da maneh boga tongkat magic
Adet : Ohhhh kitu nyaaaaaaaa
Sansan : Jig atuh pan geus beres masakna mempeng dulur dulur maneh keur sarare jug bisi hayang ulin heula, ibu peri bade ngapuuuuuuuuuuung
Adet : Hah ?? HAHAHAHAHAHAHAHA
Sansan : Naha seuri ??
 Adet           : HAHAHAHAHAH
Sansan : Eh kunaon ??
Adet : Ai eta sayapna teu berateun ??
Sansan : HAHAHAHAHAHAHAHAHAHAHHAHAHHHHAHAHAHAHAH
(Adet ulin we nyamperkeun babaturanna, ibu peri ngaleungit)

Di jalan aya Aji dan Elok keur ngarobrol, Adet nyamperkeun..
Adet : Hey hey hey
ELok dan AJi : Yu ah urang uih
Adet : Eh naha uih ?? Pan bade ameng,sareng ii
Aji     : Aliimmmm
Elok   : Dadaaaahhhh (bari rek cengkat ninggalkeun Adet)
Adet : Hey you you !! What’s wrong with me ?? Have I any mistakes ??
Aji     : Ngomong naon atuh ari maneh ??
ELok : Beda euy geus ulin jeung dulur dulur terena mah jadi BEDAAAAA
Adet : Embe jeung kuda ???????????
Elok   : Geus aji antep weh antep kuma karep
Adet : hey abi kangeeeen kalian ii
Elok & Aji : EGP, abi teu kangeeenn
Adet : Ih maraneh meni kitu, abi hoyong curhat ieuhhh, abi sedih abi kasiksa,
ELok : (rada aya karunya) kunaon emang??
Aji     : (ngaharewos) Karunya oge urang baturan we yu lok ??
Elok   : Heug atuh
Adet : Abi teh ayeuna mah kasiksa di bumi teh, dititah ieu dititah itu ku indung jeung sodara tere teh, nyeuri hirup abi ayeuna mah nyeuri, kaduhung basa eta teu percaya ka maraneh gening sabenerna maneh teh bener, ayeuna bapa urang gering lumpuh, jadi urang nu disiksa ku indung tere urang teh
Aji     : Naha atuh barina ge..
Elok   : Terus terus ?
Adet : abi kangen ka pun indung, nuju naon ibu ayeuna?? Tinggal ieu abi meni kasiksa hirup didieu tanpa ibu, abi hoyong ngiring ka ibu (ceurik ngagukguk)
Aji     : (ngupahan) jeup jeup jeup tong mewek deuinya
Elok   : geus atuh tong di ceurikan we det, tarima ku sabar we da geus teu bisa kumaha kumaha deui
Aji     : sabaran cing loba ngado’a ka Awloh sugan Awloh bisa nyadarkeun indung jeung dulur maneh
ELok & Aji : Amiiiiinnnn
Adet : teu kuat urang teu kuat (ngusap ci panonna)
Aji     : Heu sabar we sabar
Adet : teu kuat aduh teu kuat
ELok : Kunaon ??
Adet : hoyong eee teu kuat aduuuhh
Aji     : ah maneh mah adet jig atuh balik
Elok   : Paingan tatadi teh bau naon kitu ieu teh
Adet balik ka imah, Aji & Elok oge balik ka imahna masing masing
Di imah, indung jeung dulur dulurna hudang sare, ngageroan si Adet
Afifah         : Adeeeeeeeeeeeeeeeeeeettttttttttt
Nadia           : Adeeeeeeeetttt, kadieu buruuuuuuuu
Indri : (masih gogoleran) jempe atuh euy tunduh euy tunduh
Nadia           : Lapar euy lapar
Afifah : Boa sare si Adet ge nya, cing urang tempo ka dapur (indit ka dapur)
Nadia           : Hudang uey hudang rek dahar moal ??
Indri : Geus aya kitu dahareunna kade tutung deui kehhh, sare deui we sare
Nadia           : Teuing taahhhhhhh
(Di dapur)
Adet keur nyiapkeun dahareun dina meja makan
Afifah         : Mana geus can ?? lapar yeuh……
Adet : Muhun atos mak, mangga gera tuang
Afifah : (ngageroan Nadia jeung Indri) Nadiaaaaaaaaaaaaa,,, Indriiiiiiiiiiiiiiiii, kadieu urang emam bager….
Nadia           : Kela mak,,,,,,,buru indri rek emam moal ????????
Indri : AH sieun tutung..
Nadia           : Bae we ari embung mah ah (nyamperkeun indungna ka dapur)
Afifah  : Mana Indri ?? Pan senah lapar ??
Nadia           : Ah duka mak da kalah bobo keneh
Adet : (diuk hayang ngilu dahar)
Nadia           : Eh, rek naon maneh ?? Jug diuk we
Adet : Bade eman oge
Afifah : Sengene wae,geroan hela Indri jig titah dahar hela gugah bobona kituuhh !!!
Adet : (pas rek gek diuk pisan) Muhun atuh

(Adet ka kamar Indri, ngahudangkeun indri)
Adet : Gera gugah teh, dipiwarang emam ku emak
Indri : Hmmmmmmmmmmmmmmm
Adet : (ngagoyangkeun awakna Indri) gugah teh gugah
Indri : Hmmmmmmmmmmmmm
Adet : Teh, gugah atuh meni kebluk rek eman moal ?? cenah lapar tapi kalah sare
Indri : Haaaaaahhhhhhhhh???
Adet : Tuaaaaaaaaaaang
Indri : (ngorejat) emam ??
Adet : Muhun,
Indri : (sare deui) tutung te ??
Adet : henteu teh,,,,,,,,
Indri : Nu bener ??
Adet : Muhun teeeeeeeeeeeeeeeeeeeeeehhhhhhhhh
Indri : Heug atuh hayang di akep ??
Adet : Embung berat (ninggalkeun Indri)
Indri : (hudang tuluy lumpat ka dapur)
(Di dapur dalahar we, si Adet titah ninggalikeun hungkul)
Beres dahar teu nyisa saeutik saeutik acan dahareunna teh, Adet dititah langsung ngumbah wadah..



Babak 4

Di kerajaan
Ahmad: pangeran, silaing teh rek nepi iraha ngajomlo wae ? silaing teu kabita ku batur nu geus karawin.
Edo    : kabita romo,kabita. Ieu ge geus teu kuat hayang kawin (bari tuluy nyanyi lagu hayang kawin )
Ahmad: bet naha atuh nepi ka ayeuna silaing teh teu kawin kawin teh teu kawin kawin??
Edo    : eummmh.. eta aduuuuuhhhh….. abdi teh teu aya nu daekkeun
Ahmad: aduh… ma enya pisan teu payu maneh teh?? TEU PAYU!! (beungeut ngalelewe) *back sound sedih
Edo    : kumaha atuh?? Sedih yeuh pah sedih…
Ahmad : ah aing mah, boga anak teh ngerakeun pisan. Nya eunggeus, keula atuh. Bapak boga ide cemerlang. Sacemerlang beungeut bapa…
Edo    : pa, tong sok sasangkleng! Pamali !
Ahmad: euhh… budak teh.!!! Pangawal! Kadieu, buru.. tong lila bisi diestrum!
Choe  : muhun, ampun, aa ganteng…. Aya naon??
Ahmad: pang bewarakeun ka masyarakat yen engke sabtu rek diayakeun pesta dina rangka sayembara neangan istri keur si pangeran.
Choe  : jam sabaraha? Syaratna naon?
Ahmad: sabada sholat isya. Euweuh syarat-syarat khusus, nu penting mah awewe, gadis keneh!! Urang malmingan bareng didieu . hahahaha
Choe  : (ala bencong maho) aduuhh, lamun kitu mah abdi bisa daftar atuh dong!
Edo    : (soak, tuluy lumpat ka kamar) embung, embung aingmah! Sieun,sieun… ah embung.

Isukna, sabada jum’atan di puseur dayeuh…..
Choe  : BEWARA! BEWARA! BEWARA!
afifah : ……….. (euweuh nu ngawaro)
Choe  : BEWARA ATUH HEY!! BEWARA! (satengah ambek, tapi ogo)
Afifah: naon sihh (aracuh)
Choe  : EH MARANEH !! IEU BEWARA ! PENTING HEY !! DENGEKEUN (ambek)
Afifah: eh si bencong geus ngamuk, dengekeun heula we sakeudeung yu ah!!
Choe  : BEWARA! Engke poe sabtu rek di ayakeun pesta dina rangka sayembara neangan istri keur pangeran. Ka kabeh masarakat, anu ngabogaan parawan, bawa kabeh ka astana sabada solat isya. Urang mamingan bareng.
Aji     : Astana ? nitah paeh ?
Choe  : eh lain, istana maksudna.. karajaan Batubata..
Elok   : Oh kitu..
(nepi ka imah)
Afifah: neeeeng!! Kadieu geura sadedap!! Aya beja nu haaaade pisan..
Nadia : beja naon mom ? Aya semes ? Aya semes ? Morgan ? Basmin ? atawa Rapael?
Afifah : geus ah, tong ngomongkeun nu kitu ah, geuleuh, haha
          Si bungsu mana ?
Nadia : saha mom ? emang abdi gaduh rayi ? ti iraha ?
Afifah : euh nya, dasar pohoan.. eta si indri, indri melly..
Nadia : wkwkwk.. (bari seuri teu eureun-eureun)
Afifah : Ah gelooo!
          Indriiii! (ngagorowok nyauran si Indri)
Indri  : Oy! Aya naon mah ?
Afifah : mamah gaduh beja nu alus yeuh.
Indri  : beja naon kitu mah ? paling ge kusabab mamah meunang hadiah 1000 ti kopi *tuuut*. Enya kan ? (bari judes)
Afifah : lain, ieu ngeunaan si pangeran (leuwih judes)
Indri & Nadia : (reuwas, riweuh) PANGERAAAN ???
Nadia : (riweuh) what ? OMG ! kunaon si pangeran ? tell me mommy, tell me!!
Indri  : (bari tereh ceurik) pangeran pasti ngajudesan abdi deui da, pasti abdi engke di jenggut deui, engke abdi di ciduhan deui da.. tapi, ah mamaaaaaaaahh..
Nadia : ceurik.. ceurik.. ! (bari ngalelewe)
Indri  : ahhh.. mamaaah.. ieu cangcang atuh boga ingon-ingon teh.. sieun nyapluk (bari ogo)
Afifah : enggeus ah, enggeus…
          Kieu, engke maming urang diundang ka karajaan , aya pesta! Pestana pesta sayembara neangan istri jang Pangeran. Rek miluan moal ?
Nadia : oh enya atuh, tentu pisan atuh.. pangeran kan my honey bunny sweety paprika-ku.. pastina milih abdi atuuuhh…
Indri  : eeehh.. nya milih abdi atuh, da geulisan abdi , jauuuuhh pisaaaaan mun dibandingkeun jeung teteh man.. hahahaha (seuri setan)
Afifah : nya geus atuh, ayeuna mah kieu weh. Urang balanja baju, kosmetik, jeung sajabana keur isuk, ameh jadi geulis tuluy dipilih ku pangeran. Tapi…..
Nadia : tapi naon mom ? naon ? Aya naon deui ? (kaget campur riweuh)
Afifah : enggeus ah maneh mah pigeuleuheun wae jadi budak teh.. Streesss aing mah, stress boga budak siga maneh teh, JANGAAAARR ! (bari bolak-balik)
Indri  : enya ih maneh mah ih, pi araleun pisan! Geus cicing geura ah maneh mah!
          Mah, tadi teh aya naon ?
Afifah : eta, si Adet ulah nyahoeun, bisi ridu ah!
(ujug-ujug si Adet datang ti dapur)
Adet  : Abdi apal-abdi apal! (bari seuri ngalonyeng)
A, N, I : HAH ? what ? Astaga!
Nadia : Kiamat siah! KIAMAT!! Nyumpuuuuuuttt! (bari tiarap)
Indri  : Ahh.. gelo aing mah! Dulur urang gelooo!!
Adet  : Aya naon ih.. henteu ngajak-ngajak ari ngarumpi teeehh.. (bari centil)
Afifah : ah henteu.. teu nanaooonn… (bari salting)
Adet  : ah tong sok kitu aaaahh (bari ngalonyeng)
Afifah : teu nanaon, ceuk urang teu nanaon, nya teu nanaon..
          (salting) indit maneh ka dapur! Kumbahan wadah!
Adet  : atos beres da yey… (bari ngalonyeng)
Afifah : nyeuseuh baju atuh..
Adet  : tos beres oge da, apanan aya mesin cuciii…
Afifah : Nya geus ayeuna hoyong kumaha
Adet  : Abi hoyong bobo nya?? (bari ogo)
Afifah : heu, sugan teh sok atuh buru geura sare ! BURU!!
Adet  : ieu ge badeeeee.. (bari satengah lumpat)
Afifah : merry.. melly.. geuwat urang balanja.. mempeung si Adet keur sare!
Indri & Nadia : SIAP!!!
(di pasar)
Nadia : mommy.. ieu aluuuss, ieu oge aluusss.. Alus kabeh!!
Afifah : ah teu aneh maneh mah, kitu wae ti baheula ge..  kabeh ge di sebut aluss. Geus we nu ieu!! (bari nyodorkeun nu alus pisan)
Indri  : mamah,alus nya bajuna. Tapi…mun di pake ku abdi jadi gorengnya mah. Huhuhuhu (bari sedih)
Afifah : hemm, nya geus atuh nu ieu we, alus geura…
(di kamar si adet)
Adet  : nyeuri hate aing mah, teu di anggap wae !!nyaah teh ka bapa hungkul ari ka abdi henteu
(ujug ujung datang peri)
Sansan         : nyak… enyak atuh da normal
Adet            : saha maneh.. maneh saha?? Sok pipilueun. Apal teu abdi teh keur
  sedih
Sansan         : apal…. Apal… da kisah hidup maneh mah sedih wae, oloweis polepell
Adet            : aaahhh… abdi mah aslining keur sedih 
Sansan         : nya abdi ge aslining, apan sarua ciga anu di pilem pilem gening
Adet            : anggeerrr.. mamawa wae pilem (bari ngalelewe)
Sansan         : nya eunggeus atuh, kunaon deui sih maneh teh?
Acan dahar maneh teh, eta nepi ka kari tulang jeung kulit!! Siga rorongkong hirup… iiiiiiiiiiiiiiiiiiiiii!!
Adet            : nteu ihh, lain kitu. Ahh eunggeus ah piambekkeun wae maneh mah.
Teu siga di pilem pilem maneh mah jadi peri teh!!
Sansan         : ahh.. ma enya… nu bener??? (bari ngalonyeng)
Adet            : cicing ahh. Indit kaditu!!
                    Sial kuring mah papanggih jeung maneh teh
Sansan         : ihh sieun eng galak pisan euy! Sieun ah sieun. AMPUUUUUN
Adet            : (ngadat) aaahh.. meni piambekkeun wae.
Sansan         : apanan tadi geus ngomong ampun
Adet            : kumsilamega
Sansan         : naon eta?? Maklum lulusan SD
Adet            : KuMaha Sia welah Meh Gancang
Sasan           : astagfirulloh.. meni kasar ngomong teh.. yu know something, I the
nyeri hate, menusuk jantung, meremuk tulang, mencabik hate,
nyieun galau. (bari leubayyy)
Adet            : terusss???? (bari tiis)
Sansan         : indit geura urang mah.
Adet            : jug wee..
Sansan         : tapi abdi pundung ihh
Adet            : bae weh
Sansan         : abdi pundung atuh iih. Sieun atuh lahh..
Adet            : kajeun wee
Sansan         : atuh ihh maneh teu rela pan abdi indit?? Teu rela pan teu sudi??
Adet            : rela kuring mah ! pek we deuk indit oge teu paduli pokokna mah.
Titik !
Sansan         : atuuuh lah menta sesuatu ihh.. siganu di pilem pilem.(bari
memohon)
Adet            : embung.
SAnsan        : atulahh… engke kuring bisi dipensiunkeun jadi peri atawa bisi   kuring di pecat jadi peri. Engke kuring moal boga jangjang deui,
engke kuring moal bisa ngapung deui (bari tereh cuerik.)
Adet            :emang ,maneh boga jangjang. Can pernah urang ningali maneh
ngapung?
SAnsan        : bogah yeuh.. (bari nembongkeun jangjangna nu leutik). Tapi teu
bisa ngapung (sedih)
Adet            : naha??? Ohhhh pasttiiiiiiiiiiiii.
Sansan         : enya bener ceuk pikiran maneh. Teu bisa ngapung gara gara beurat
teuing ku awak.
Adet            : wkwkkwkwkwkwkkwkwkwkwkwk
Sansan         : seuri… seuri..!! bahagia… bangga…. Uuuuuuuuu
Adet            : bae we kumaha urang
Sansan         : oh enya.. BTW tadi kunaon bet ambek ambekan??
Adet            : cik baca eusi hate kuring
Sansan         : OKeh (mikir)ohh kuring apal.. sabarnya sabar
Adet            : kumaha atuh. Da kuring ge hayang miluan. Da pasti kuring nu
dipilih, siga nu di pilem pilem
Sansan         : nya sok hayangna kumaha atuh.??
Adet            : balanja atuh.. urang ka pasar? Hayuu.
Sansan         : dek naon ka pasar???
Adet            : meuli bajulah ayuuu..
Sansan         : teu boga duittt
Adet            : ahhh miskin
Sansan         : bae we.. miskin oge terhormat, boga keneh jangjang.
Adet            : ahh terserah.. trus kumaha atuh ayeuna, maenya abi ka pesta make
baju nu kieu
Sansan         : emm.. AHA..abi boga ide.. make MEJIK dari SASA meumpeung aya
keneh batrena..
Adet            : opo meneh iki?? Mejik??
Sansan         : ahh teu apal mah cicing we. Ayeuna maneh peurueum. Engkeu mun
urang ngagorowok maneh beunta deui
Adet            : ohh enya atuhh.. oke lah (bari peureum)
Sansan         : ting tiring tring tring.. teng teng teng teng teng.. arba kari dabra. (bari ngagorowok)
Adet            : WAW its majik.. (lagu LILA)
Sansan         : adih siah… naha jadi GEULIS !!! ahh GAGAL ieu mah
Adet            : naha bet gagal. Apan abi jadi geulis ayeuna mah
Sansan         : GAGAL… GAGaaaaal  pisan. Masalah na maneh leuwih geulis ti
kuring
Adet            : ahh atuhhhh…
Sansan         : nya geus bae lah kagok. Ayeuna mah simpen ieu baju. Tuluy geura
sare.. engke isuk kuring dangdanan
Adet            : nya atuh ai kitu mah
(Isukna…)
Nadia : adet kadieu maneh??
Adet  : aya naonnya?
Nadia : nanya we ka si indri!!
Adet  : eehh. Eta geura..jadi aya naon (bari ngalieuk ka si indri)
Indri  : dangdanan urang ameh geulis
Adet  : ahh percuma da angger we geulis keneh kuring
Indri  : (ngadat) tuh kan nad ceuk si adet oge aing mah teu geulis kan.. goreng
aing mah kumaha atuh
Nadia :bohong eta mah bohong.
Indri: berarti mun kitu mah kuring teu goreng nya.
Nadia : enya maneh mah teu goreng ngarti teu??
Indri  : nya ngarti.. berarti nu goreng mah maneh hehe
Nadia : heuuuuh..
Indri  : kirana buru atuh geura dangdanan urang. (bari ngagororwok)
Adet  : muhun teteh indri anu geuliis (bari teu ikhlas)
Nadia : engke mun geus beres ngadangdanan si indri. Maneh kudu ngadangdanan urang.(bari ngaleos deuk ganti baju)
Adet  : ahh aing mah hirup di kamar ieu teh. Di titah gawe wae.. euweuh waktu jang nyantai (kukulutus)
Indri  : ahh ngomong naon maneh.. teu ikhlas di titah gawe teh
Adet  : nteu ahh.. teu ngomong nanaon kuring mah
Indri  : bohong tadi kuring ngadenge…
Adet  : (nyentak) GANDENG… rek di dangdanan moal??
Indri  : nya enya atuh buru cing geulisnya
Adet  : rek tipe naon?tradisional? modern? Atawa model badut??badut wenya  maneh mah cocokna oge
Indri  : maneh ngalonyeng.. hoyong teu dibere dahar
Adet  : lamun terus terusan teu di bere dahar mah kuring rek sagede kumaha deui
Indri  : segede ucing karep teuing ahh. Geus ahh tong loba omong geura dangdanan sing alus
Adet  : heeh..

(Sababaraha menit kemudian)
Indri  : eta tong di cabak wae atuh rambutna bisi rabies..
Adet  : apan ker disisiran…
Indri  : buru atuh sing bener..
(tuluy nadia ngagorowok nitah ka si adet)
Nadia : ADETTT…buruu kadieu (bari ngaca)
Adet  : (riweh) ehh enya enyak sakedeng (beuki riweuh) kela aduh hese ieu
Indri  : aww.. nyeri ihh.. cing balek atuh ihh..
Adet  : enya ampun kela rek ka nadia heula sakeudeung (bari satengah lumpat)
Nadia : buru atuh ihh tong loba lila.. cangkeul eiu
Adet  : nya hayangna kumaha sok??
Nadia : aww nubaleg atuh ihhhhh…. Sing BALEGG.. nyeuri iiihh aWWW aduuuuh..
(Di kamar pating gorrowok.. tapi si adet kalahkah kabur ka kamarna.. tuluy ceurikkk..)
Adet  : .kuring di kieukeun wae.. cape hate aing mah..
Mana hape sabaraha deui pulsana ?? (bari ngcek pulsa..) asik aya keneh pesbukan ah..
(curhat di pesbuk..)
Adet  : “Baheula mah hirup kuring nya kumaha aing, tapi saprak aya 3 setan di
imah kuring, hirup kuring asa sanasib jeung ucing gering”
(teu lila ti eta, datang si ibu peri)
Sansan         : ting tiring tring tring..
Adet            : ehh.. aya maneh deui..
Sansan         : Aduuhh.. ulah ngambek deui atuh, apan geus damai! Nya, nya, nya,
smile.. J
Adet            : enya, atuh enya.. da heureuy atuh kamari mah..
Sansan         : oh kitu.. kunaon atuh bet sedih wae?
Adet            : kuring hayang milu ka pesta tea..
Sansan         : nya kari indit we atuh, naon hesena..
Adet            : kumaha carana ?
Sansan         : apan aya kuring.. (bari PD)
Adet            : nya sok atuh buru gawekeun..
Sansan         : sok, tapi maneh mandi heula..
Adet            : enya atuh, tungguan nya..
Sansan         : Nya sok..
(5 menit kemudian..)
Adet            : yeuh, geus dipake baju nu kamari tea..
Sansan         : haaa! Alus euy.. Sok kadieu ku urang di dangdanan..
Adet            : make mejik deui kan, ameh alus..
Sansan         : henteu, beak batrena euy.. ku urang weh didangdananana..
Adet            : aaaaah.. pirasat buruk yeuh..
(sababaraha menit kemudian)
Sansan         : taraaaaaaaaa... geus beres yeuh, make mejik saeutik da tadi teh..
Adet            : cik hayang ningali! Mana kaca ?
Sansan         : yeuh, tapi tong soak nya..
Adet            : insyaAllah..
Alaaahh.. Naon ieu ? (bari soak)
Sansan         : ampuuunn.. ampuunnn.. ampuuunnn... (sieun jeung pasrah)
Adet            : alus euy... (bari seuri)
Sansan         : aduuuhh.. aing mah reuwas euy...
Adet            : hahahaha (seuri bangga)
(sementara itu.. Afifah, Nadia, jeung Indri geus indit)
Adet            : hayu atuh ah, geus beres kan ?
Sansan         : Aha! Aya hiji deui.. SAPATU!
Adet            : oh enya,, pinter iiihh, hahaha
Sansan         : enya sip lah..
                    Ting tiring tring tring.. teng teng teng teng teng..
                    Arbakaridabraaa..
Adet            : asiik ah, hayu urang indit atuh..
Sansan         : hayu..
(Adet & Peri ka istana. Tapi jalan kaki, da batre tongkat mejikna beaakk..)
Adet            : asik euy, kabagean euy! Hahaha
Sansan         : tapi inget, mun geus jam 12, maneh kudu geura-geura balik..
Adet            : naha kunaon kitu ?
Sansan         : eta mejik bakalan leungit, da batrena geus beak.. pangpangna mah, BISI DICULIK..
Adet            : oh kitu, nya enggeus atuh, maneh balik deui weh jug, tong milu..
Sansan         : naha kunaon ?
Adet            : engke urang jadi era mamawa maneeh..
Sansan         : ah sedih.. Tega ih maneh mah L
Adet            : haha.. heureuy atuhh.. dadaaaaahh.. haha
Sansan         : nya, dadaaaahh..

(Di istana..)
Aji     : ya allooooh meni kararasep kieu … nya lok
Elok   : nya ihh… komodeui pangeranna nya…
Aji     : eh tapi da pangeran mah pasti milih putri.. siga nu di pilem pilem tea… boro boro urang mah
Elok   :heu euh da maneh mah buruk rupa…
Aji     :maneh we urang mah henteu…
Elok   : maneh we…
Aji     : ihh …maneh we
Elok   : MANEEEHH….
Aji     : geus ahh… gandeng…. Cicing maneh… JEMPE…
Elok   :  Bae weee….
(samentara eta..)
Edo    : ayah, nyuhunkeun doa restuna nya..
Ahmad: enya sok.. sing lancar nya, neangannana.. bapa geus beakkeun biaya keur
   pesta ieu..
Edo    : insyaAllah..
****
Elok   :  iiiiiiiiiihhh  abi…. resep ka pengawal eta .. ETA nu eta…
Aji     :nu mana?? Nu eta lain?? (slah nunjuk)
Elok   : lain ari maneh… teuing ahh..
Aji     :eh lok, tingali geura aya jelema nu kasep..
Elok   : heu euh nu eta tatadi teh….
             Waw.. aduh… dag dig dug ieu jantung..
Aji     : alah siah ieu jantung kuring dek kaluar…
(Choe ngadeukeutan aji jeung elok)
Elok   : alahh ngadeukeutan urangg
Aji     : aduuuh kumaha ieu…
Choe  : HAALOOOO… sadayana (bari tebar pesona)
 Aji    : (salting) ehh.. akang….
Elok   : hehe akang… akang kaseep iih. Abi bogoh daa..
Choe  : hoho.. abi mah ti lahir ge tos kasep
Aji     : akang… nikah sareng abi yuu..
Choe  : (bingung) aduuhh naha jadi kieu
(parebut)
Aji     : naon ihh da choe mah bogoheun ka abi
eloK   :ohh… tue bisa.. kuring ti heula nu ningali. Hayu ahh kang urang nikah??
          (bari ngabetot leungeun si choe)
Choe  : aduhh.., nyeri euy… AWW. Nya geus atuh 2 nana we nya HAHA (muka bangga)

(Sajam kemudian.. si Adet datang..)
Edo    : aduh cenat-cenut euy (backsound smash)
Adet  : hallloo.. sadayanaaa... (bari centil)
Edo    : dag dug dag dug euy...
(edo nyamperkeun adet)
Adet  : aduh siah,, kaseeeepp.. jual mahal ah..
Edo    : eneng, kenalan yuk.. namina saha ?
Adet  : ah.. naon sihh.. (api-api judes)
Edo    : aduh eneng, tong judes atuh neng.. dansa yu sareng abdi..
Adet  : hayu atuh hayu..
(basa keur dansa, jam dinding disada..)
MPRANG MPRENG MPRUNG...... sora jam nunjukeun jam 12 tengah peuting
Adet  : alah,,, kumaha atuh kang.... abdi ayeuna bade uih wae kulantaran tos tengah peuting.
Edo    : naha make jeung balik sagala???? Engke waka atuh ieu pesta teh nepika subuh.... naha kunaon ari anjeun??? Suluh can di pareuman??
Adet  : dah akaaang....
Edo    : itu geura,,, na kadon indit... dagoan beib ( bari lumpat ngudag cinderela )
Cinderella lumpat kaluar ti istana. Sapatuna leupas, leupas sabeulah di teras karajaan.
Edo    : hmmmm, aku tau apa yang sekarang harus aku lakukan (wkwkwkwk)
Adet  : (ti jauh) hampura kaaang.... kereta,, geuwat atuh geura lumpat... (kereta kencana mulai rubah jadi andong)
Edo    : ayeuna, kuring kudu neang eta awewe nu boga sapatu ieu. Kumaha carana, kuring kudu papanggih jeung awewe eta....

Di imahna cinderella ngalamun , manehna sedih bari nempo sapatu nu hiji deui..jol weh ibu peri
Adet           : ahhh,,, sedih kuring mah euy.... keur mah sapatu can lunas, geus deuih leungit tinggaleun.
Sansan         : kunaon atuh ari maneh cinderela??? Montong ngalamun wae atuh,,, bisi langsing maneh teh... ke ibu peri aya saingan mun maneh langsing mah...
Adet           : euleuh,, meni pede kitu nyebut sorangan langsing.... atuh da kumaha nya,,, kuring teh keur sedih... naha tadi bet poho sagala...
Sansan         : make jeung sedih!!!!! Montong sedih wae atuh ari maneh....  da meneh engke bakalan papanggih jeung si pangeran.... percaya jig ka ema..........
Adet           : bener mak????
Sansan         : bener... percaya atuh ka ema....
(di istana pangeran curhat tentang awewe anu ninggalkeun sapatu sabeulah )
Edo              : bapa,abdi geus manggih awewena, !tapiiii,,,,,, !!!
Ahmad         : tapi naooon?
Edo              : basa keur pesta dansa kamari manehna kabur jeung dinggalkeun sapatu ieu ! (bari nunjukeun sapatuna )
Ahmad         : nya enggeus we atuh titah pangawal ngabewarakeun ka gadis-gadis anu aya di dayeuh ieu,!
Isukna, pangeran ngider ka dayeuh... tujuan terakhir ka imah si ADET.   (lagu anak-anak “sepatu kaca”)
Choe            : assalamualaikuuuuummm...
Afifah         : walaikum salam.... punten teu menerima sumbangan....
Choe            : kuring saparakanca kadieu sanes kanggo neang sumbangan... tapi kanggo neang saha jalema nu boga sapatu ieu.... punten,,, ari didieu aya budak gadis sabaraha??? Bade nyobian moal???
Afifah         : oh kitu.... nya bade atuh upami ari kitu mahh....
Afifah         : indriii,,, nadia.... geuwat kadieu.... ieu aya pangeran neang maraneh....
Indri           : pasti eta sapatu mahi ka kuring...
Nadia           : ngacoooo!!!!! Eta mah pastina mahi ka urang..... montong ngahayal!!!!
Indri           : euhh,,, maneh meureun nu ngahayal mah!!!
Choe            : bu naha kadon mawa anak monyet lain anak jelema ?
Indri           :mamah abi di sebut anak monyet!
Edo              :eh montong kitu ,sakituge ciptaan allah , sok bu titah nyobian sapatuna eta anak monyet  teh
Choe            :jadi,,, bade nyobianna moal ieu teh?? Kadon raribut!
Afifah         : nya janten atuh akang..... indri, nadia....! meunggeus maraneh teh montong garelut wae... montong ngerakeun atuh....!!!!!!!!
Nadia           : maneh ngamimitian atuh ndri!!!!
Indri           : maneh siah
Afifah         : meunggeuss,,, tah cobaan
Nadia           : ahhh,,, teu cukup gening ieu sapatu teh
Indri           : euheueuheuhhhh.... matak montong ngahayal maneh teh... ( bari nyobian).... ahhhhh,,, geningan teu mahiiii......
Choe            : dedengean teh lain didieu mah aya 3 gadis???
Afifah         : ahhh,,, gosiip eta mah.... di imah ieu mah euweuh nu ngarana cinderella.... alamak... keceplosaann..
Choe            : geuwat panggil si cinderella ka dieu.... soalna eta gadis ngan hiji hijina deui nu acan nyobian ieu sapatu di dayeuh ieu...
Adet            : aya naon ieu teh ribut ribut???
Choe            : mangga atuh neng, geura cobian ieu sapatu........
Adet            : sumuhun kang bade dicobaan,tapi punten sampeanna rorombeheun!
Choe            : iyey, tapi teu sawios we !sok cobian we !!
( cinderela terus nyobian sapatuna )
Choe            : alaaah,,gening Cukup??
Adet            : Muhun,kang da abdi oge gaduh pasanganna,kela nya tunguan abdi nyandak heula pasanganna !!
Choe            : berarti ieu gadis anu di maksud ku Pangeran .
Edo              : waaaawww,amazing ,, neng hayu kawin yu neng !!!
Adet            : alllllaaaahhh,,akang meni buru-buru..
Edo              : bae ahh.. geus teu kuaaat…
Adet            : nya hayu atuh akang..
Edo              : Alhamdullilah… ya alloooohh…. Akhirna abdi gaduh oge
          Ahirna, Adet jeung Edo jadi nikah.. tuluy weh hirup bahagia, jeung ngabogaan anak, tuluy jadi aki-aki nini-nini, tuluy gegeringan, tuluy weh maot.
Tamat

BABAK AHIR
Aji     : Enggeusan ? (beungeut heran)
Elok   : (colohok) heueuh meureun..
Aji     : ah naon teu rame..
Elok   : aduh, rugi aing mah meuli kaset teh..
Aji     : Duruk we atuh kaset na..
Elok   : heueuh, tapi euweuh seuneuna, alungkeun we lah ka walungan..
Aji     : heueuh sok.. tapi ku urang
Elok   : embung, ku urang.. (parebut)
Aji     : nya enggeus atuh ku maneh..
Elok   : embung ah ku maneh weh..
Aji     : ah embung.. (kaset potong)
          Aaaaaaahh.. potong... ah nya geus lah, jang urang we nya
Elok   : embung, urang anu meuli
Aji     : top atuh tah.. urang balik ah.. dadah.. Assalamualaikum..
Elok   : eh maneh mah teu puguh pisan..nya geus lah, walaikumsalam..

semoga bermanfaat bro . . . . :*

0 komentar:

Posting Komentar

 
Design by Free WordPress Themes | Bloggerized by Lasantha - Premium Blogger Themes | Online Project management