KAULINAN BARUDAK LEMBUR (Sri N.)


            Salah sahiji kahirupan budaya masarakat Jawa Barat anu geus kapopohokeun ayeuna nyaeta Kaulinan Barudak Lembur. Dina Kaulinan Barudak Lembur, ngabogaan makna anu kacida luhung, diantarana : hirup sauyunan, atikan, didikan, jeung diajar sosialisasi jeung babaturan. Kaulinan Barudak anu baheula mangrupakeun salah sahiji tradisi kabudayaan sunda teh  geuning ngabogaan ukuran kahirupan anu penting pikeun ngabina mental anu teu leupas tina kabiasaan barudak sunda dina kahirupan sapopoe.
            Kaulinan Barudak Lembur teh bisa ngembangkeun kamampuan kreativitas barudak, diantarana : taliti, embung eleh, ngulik, mikir, neangan cara licik, jsb. Lamun ku urang di titenan, Kaulinan Barudak Lembur teh lain ngan saukur keur ngembangkeun kamampuan kreativitasna wungkul, tapi bisa oge dijadikeun keur olahraga, diantarana : ucing sumput, bebentengan, sondah, gatrik, sapintrong, jsb. Kaulinan-kaulinan eta teh bisa ngajadikeun barudak sarehat, kuat, lincah, jeung tereh gede sabab sok gerak bari bungah tea.
Kaulinan Barudak Lembur anu sabenerna nyaeta salah sahiji proses diajar. Proses diajar ieu, barudak bisa ngembangkeun boh kaahlian boh kapinteran atawa jiwana. Proses ieu alusna mah digawekeun tuluy-tuluyan, sabanding jeung umur atawa kadewasaan, anu sarua jeung tanggapan Syamsu Yusuf, yen :
       “Manusia secara terus-menerus berkembang atau berubah yang dipengaruhi oleh pengalaman atau belajar sepanjang hidupnya. Perkembangan berlangsung secara terus menerus sejak masa konsepsi sampai mencapai kematangan atau masa tua”.
            Kaulinan Barudak Lembur anu mangrupakeun tradisi budaya sunda nu hirup jeung geus panceg di sakabeh padesaan atawa pakampungan di tatar sunda (Jawa Barat). Barudak geus biasa kumpul/ulin jeung babaturanna, di tempat-tempat anu lega/pakarangan imah, unggal pasosore sanggeus ngabantuan pagawean kolotna.
Ayeuna mah, kaayaan Kaulinan Barudak Lembur teh kawas sesa-sesa bangunan anu geus teu dipalire. Sababaraha faktor anu ngalantarankeunnana teh nyaeta : beuki kurangna tempat ulin barudak. Di tempat-tempat nu baheula mangrupakeun tempat ulin teh ayeuna geus pinuh ku bangunan/gedung/imah, jsb. Imah oge ayeuna mah geus jarang pisan anu boga pakarangan nu lega.
Tempat ulin barudak teh ayeuna mah pindah ka jero imah (indoor) anu geus disadiakeun sacara modern, diantarana : Play Station, Internet, jsb. Model kaulinan modern ieu geus ngawabah ka kabeh dunya kaulinan barudak. Barudak ayeuna resep pisan kana kaulinan modern ieu. Lantaran kitu, maranehna jadi jelema-jelema anu individualis jeung egois. Komunikasi jeung babaturan anu pikabungaheun teh geus lapur. Kaulinan barudak ayeuna mah geus ngagunakeun ilmu teknologi (hitech), diantarana : komputer, play station, video games, Nintendo, game watch, jsb anu geus dipiboga ku barudak kota jeung desa.
Hirupna budaya kaulinan modern, mangrupakeun tantangan anu nungtut pikiran jeung paripolah anu leuwih bijak. Dina hiji pihak, Kaulinan Barudak Lembur anu miboga makna budi anu luhung jeung sauyunan teh geus kasingsalkeun.
Lamun ditaliktik tina karakteristik jeung sipat-sipatna, Kaulinan Barudak Lembur teh mangrupakeun salah sahiji ajaran sauyunan anu ngiket duduluran jang ngembangkeun kreativitas barudak jeung komunitasna. Tapi kaulinan modern anu hitech, ngadidik barudak teu kaiket ku kelompok (bebas), jeung ngabogaan sipat individual. Sisi positif kaulinan modern nyaeta tempat jang diajar mandiri.
Lantaran kitu, hayu urang riksa tradisi budaya sunda urang ku cara ngahijikeun Kaulinan Barudak Sunda jeung Kaulinan Modern jaman kiwari. Salian ti ngamumule budaya, urang oge teu katinggaleun ku kamajuan jaman.
Reaksi:

0 komentar:

Poskan Komentar

 
Design by Free WordPress Themes | Bloggerized by Lasantha - Premium Blogger Themes | Online Project management