Dizaman kiwari
masyarakat Jawa Barat khususna anu cicing di tataran Sunda sering ngagunakeun
basa asing atawa basa nasionalna, nyaeta basa Indonesia pikeun kahirupan
sapopoe. Kusabab seringna ngagunakeun basa asing atawa basa Indonesia, manehna
jadi teu inget lamun aya basa anu diwariskeun ti zaman kolot baheula, nyaeta
basa Sunda jeung kajadian eta teh sok dirasakeun ku kuring anu hirup di zaman
modern iyeu.
Loba pisan urang Sunda anu make
basa Inggris jeung Indonesia, padahal manehna keur ngobrol jeung batur anu
sarua ti tataran sunda, urang sunda.
Kadang aya oge urang Sunda anu
ngomong make basa Sunda tapi dicampur ku basa Indonesia,saperti:”Jangan
lumpat-lumpat nanti kamu jatuh.” atawa “Aku teh suka sama kamu.” jeung
sajabana. Aya oge nu ku kuring tinggali di masarkat Sunda ngagunakeun basa
Sunda make campuran basa gaul,sapeti: “Bray,keur naon yeuh ?” atawa “What’s up
Brow, kumaha damang ?”jeung sajabana.
Faktor-faktor anu mangaruhan
campurna basa sunda jeung basa sejen nyaeta kusabab masarakat Sunda era atawa
euweuhna kapercayaaan diri keur ngagunakan basana. Kusabab eta henteu saeutik
masarakat Sunda anu mikir yen leuwih alus ngagunakeun basa Indonesia atawa basa
ti luar negeri dari pada make basa sunda, ambeh manehna henteu disebut “orang
kampung”. Salian ti faktor anu diluhur, aya oge faktor anu mangaruhan nyaeta
faktor ti kolotna sabab anu ku kuring tinggali ti kaluarga kuring lolobana
kolotna ngajarkeun ka anakna anu kerek bisa ngomong make basa Indonesia ,
padahal maranehna asli urang Sunda, cicingna di tataran Sunda jeung keur
komunikasi eujeung urang Sunda anu sejena. Jeung maranehna miboga alesan anu
sarua nyaeta maranehna henteu percaya diri kusabab maranehna cicing di dayeuh
anu lolobana masarakat ti luar tataran Sunda, padahal mah leuwih alus lamun
urang make basa buhun urang, nyaeta basa Sunda keur komunikasi jeung urang
sundana sorangan, iwal lamun ngobrol jeung urang anu lain ti tataran Sunda.
Eta anu matak kuring era jadi
urang Sunda kusabab loba pisan urang sunda anu leuwih resep make basa sejen
(basa Indonesia atawa basa Inggris) ambeh bisa disebut budak dayeuh atawa budak
gaul. Padahal lamun urang ninggali negara batur siga negara Belanda loba pisa
jelema-jelema anu hayang diajar basa jeung sastra Sunda, anu matak kahayangna
eta di salah sahiji Universitas di Walanda aya fakultas anu ngabahas ngeunaan Basa Sunda
jeung didinya oge ngayakeun program S-2 keur jalema anu neruskeun atikanana.
“Maenya urang kudu henteu
percaya diri keur ngagunakeun basa Sunda lamun ninggali jelema ti luar negeri
wae bangga jeung daek diajar make basa Sunda ? naha urang teu daek
ngagunakeunana ?”
Kukituna, urang kudu percaya
diri jeung bangga ku basa anu ku urang miboga nyaeta basa Sunda, kusabab basa
Sunda ngalambangkeun jati diri yen urang teh asli ti tatar sunda. Jeung urang
kudu make basa eta keur ngobrol jeung kaluarga urang atawa urang sundana
sorangan, kusabab saha deui anu daek ngalestarikeun basa urang tibatan urangna
sorangan.
0 komentar:
Posting Komentar