Jaman iraha
ayana sinetron? Sinetron teh sabenerna atos aya ti jaman baheula, tapi sinetron
baheula mah masih ngandung atikan moral heunteu sapertos sinetron jaman ayeuna.
Jaman ayeuna mah sinetron loba nyaritakeun kahirupan-kahirupan anu mewah,
kakerasan, jsb.
Carita sapertos
kitu teh bias mangaruhan pikiran palajar anu masih keneh labil jeung sok hoyong
nurutan batur. Eta nyebabkeun loba pelajar anu nurutan kalakuan-kalakuan di
carita sinetron eta.
Sinetron oge aya
dampak positipna, tapi lobaan dampak negatipna dibandingkeun dampak positipna.
Dampak negatipna, nyaeta:
1.
Loba pelajar anu teu diajar
kulantaran rek nonton lanjutan carita sinetron nu diantos-antos.
2.
Kalakuan pelajar di sakola jadi
heunteu ngandung atikan moral, sapertos make saragam anu rokna pendek, heunteu
hormat ka guru,jsb.
3.
Palajar ngalakukeun kalakuan
anu teu senono, akibat nonton sinetron anu heunteu ngandung atikan moral.
Sapertos, ngonsumsi naroba, ngalakukeun seks di luar nikah.
Didieu peran
kolot jadi penting, kolot kudu ngajagaan jeung ngadidik budak-budakna, supados
budakna heuneu kajerumus ku kalakuan anu teu ngandung moral.
Kolot kudu merhatikeun
kagiatan-kagiatan anu dilakukeun budak. Jadi, budak heunteu ngalakkeun hal anu
teu dipikahoyong.
Jadi, kusabab
ayeuna loba sinetron anu mangaruhan kalakuan anu heunteu ngandung atikan mora,
kolot kudu ngajagaan sareng ngadidik budak, supados heunteu ngalakukeun
kalakuan anu heunteu ngandung atikan moral.
0 komentar:
Posting Komentar