Sesuai jeung
kodratna istri ngalaman haid. Tina kondisi eta lamun haid teu teratur atawa
hayang tetep seger jeung bugar tina masa-masa eta,istri leuwih alus ngakonsumsi
sosin.Sayuran anu boga ngaran asingna nyaeta mustard diyakinkeun pasti bisa mulihkeun jeung ngajaga daya tahan
jeung kasehatan manusia,anu pastina mah istri. Oge aya anu nyebutkeun
ngakonsumsi sosin teh bisa nambah kacantikan.
Sumber vitamin
jeung zat-zat anu diperlukeun awak tina sosin teh nyaeta tinu daun,akar jeung
sikina.Daun sosin boga fungsi nyaeta kanggo peluruh air seni,radang
ginjal,jeung bisul.Akarna oge miboga fungsi nyaeta kanggo obat
batuk,ngaleungitkeun rasa ateul tina tenggorokan sarta mampu dijadikeun peluruh
cai susu. Sikina oge miboga fungsi nyaeta ngadamangkeun nyeuri mastaka,haid teu
lancar,kandung empedu,nifas,reumatik,jeung nyeuri cangkeng.Salain tieta sayuran
anu ka abus famili brassicaceae ieu teh boga fungsi nu lain nyaeta pembersih
darah,memperbaiki fungsi ginjal,jeung seratna oge kanggo memperbaiki jeung
memperlancar penceranaan.
Sosin boga
sagudang khasiat jeung manfaat kulantaran sosin ngandung flavonoida,alkoloida,glikosida jeung saponin.Tina 100 gr sosin ngandung protein 2,3 gr,lemak 0,3
gr,karbohidrat 4,0 gr,CA 220,0 mg,posfor 38,0 mg,besi 2,9 mg,vitamin A 1.940,0
mg,vitamin B 0,009 mg jeung vitamin C 102 mg.
Jadi daripada ngakonsumsi obat-obatan kimia,masih
aya obat-obat anu tina tutuwuhan anu bisa ngubaran sagala panyakit.
0 komentar:
Posting Komentar