Fenomena ayana Boy Band jeung Girl Band di Indonésia ( Elok A )


Fenomena ayana Boy Band jeung Girl Band di Indonésia

            Di jaman ayeuna seueur média anu tiasa masihkeun informasi, boh eta média citak atawa éléktronik. Ngan anu keur hot news téh nyaeta ngeunaan fenomena munculna boy band jeung girl band nu aya di Indonésia. Lamun urang ngadangu Boy Band jeung Girl Band, nu aya di pikiran urang nyaeta sakumpulan pemeugeut atawa pamajikan nu kagabung dina hiji grup, gaduh sora anu alus jeung tampangna anu metot. Padahal harti sabenerna téh nyaeta jumplukan music pop atawa R&B anu anggotana 3 atawa leuwih.
            Awalna Boy Band téh dijieun ku Maurice Starr, nami boy band na teh nyaeta Edition & New Kids on the Block taun 1983. Saatosna 2 boyband eta kabentuk mecenghul boy band anu sanѐs di Nagara séjén oge. Di Indonésia boyband anu kahiji lahir nyaeta koes ploes di taun 1970. Tapi di taun 2012 ieu Boy Band jeung Girl band populeritasna beuki melejit, salah sahiji Boy Band jeung Girl band di Indonésia nyaeta smash, cherrybell, 7icons, XO-IX, Princess jeung sajabana. Tapi nu jadi patarosan nyaeta Naha di taun ieu munculna Boy Band jeung Girl band leuwih popular ti jaman baheula?
            Lamun urang Korean Lovers, urang pasti teu deungeun deui ngeunaan Boy Band jeung Girl band, lantaran kaunikan Boy Band jeung Girl band asal Koréa memadukeun antara dance anu enerjik jeung sora anu alus. Salah sahiji Boy Band jeung Girl band asal Koréa anu teu deungeun deui nyaeta Super Junior, Girls Generation, 2pm, T-ara, Wonder Girl jeung sajabana. Salah sahiji pengamat music Indonésia oge beranggapan positif lantaran fenomena munculna Boy Band jeung Girl band tiasa leuwih ngawarnaan dunya musik Indonésia.
            Tapi teu saeutik masarakat nu mikir negative ngeunaan Boy Band jeung Girl band di Indonesa, lantaran teu saeutik Boy Band jeung Girl band Indonésia anu gaduh kamiripan, boh eta dina lirik lagu, vidéo klip, kostum, jeung tarianna. Sahingga seueur anu beranggapan Boy Band jeung Girl band Indonésia the plagiat Boy Band jeung Girl band asal Koréa.
            Sanajan seueur waleran anu di pasihan ku masrakat, hadirna Boy Band jeung Girl band di Indonesa tiasa ngarebut tempat di haté pecinta music di Indonésia. Sanajan aya anu nyawad, malahan eta ngajadikeun hits jeng beuki booming. Ancik nungguan waktos tren naon deui anu bakal ngawarnaan musik di Indonesa. Naha tren Boy Band jeung Girl band bakal tahan atawa digantos ku tren nu sanes anu leuwih inovatif?sadayana ngagantung dina kualitas palaku musik.

0 komentar:

Posting Komentar

 
Design by Free WordPress Themes | Bloggerized by Lasantha - Premium Blogger Themes | Online Project management