Kaulinan Barudak anu Geus Ampir Tumpur (Meriza H)


Ku pesatna kamajuan tehnologi anu beuki ngadominasi paradaban bangsa, geus loba kabudayaan daerah ampir tumpur. Rupa-rupa kaulinan di kampung anu salami ieu atos ngamasarakat teh tara dipake deui, hususna di tatar  sunda ieu oge loba barudak ayeuna anu teu nyaho kanu kaulinan-kaulinan warisan ti kolot baheulana sapertos gatrik, sorodot gaplok, sonlah, ucing temir panggal jeung sajabana. Tapi ayeuna barudak teh leuwih nyaho kana kaulinan nu geus make tehnologi canggih sapertos play station, PSP jeung sajabana. Padahal man mun dibandingkeun, kaulinan barudak mah ngandung nilai kakompakan , kasatiaan, jeung kasederhanaan, oge irit biaya henteu kudu ngagunakeun listrik jeung batre sapertos tehnologi ayeuna anu ngembangkeun kaulinan alat ti nagara Cina jeung Jepang, malih mah dinu kanyataana kaulinan barudak anu geus canggih teh loba dampakna nyaeta bakal ngabalukarkeun barudak kurang dina sosialisasina jeung aya dampak kanu kasehatan jangka panjangna.
            Ditilik dina hartosna kaulinan barudak teh kaasup budaya tradisional anu mangrupakeun ciri kaperibadian bangsa anu mutlak kudu dikembangkeun sarta dilestarikeun. Upaya anu bisa dilakukeun sangkan kaulinan barudak teu tumpur th nyaeta sapertos ngagelarkeun pagelaran sacara periodik, janten urang sadayana bisa nyaho kamungki nan-kamungkinan kanggo ngembangkeun sarta ngalestarikeun rupa-rupa budaya tradisional anu dipikaboga ku urang sadayana. Simkuring yakin yen lamun kabeh pihak ngalakukeun sagala kajian anu alus, tangtu budaya tradisional hususna dina kaulinan barudak bakal berkembang sakaligus diminati ku masarakat.


                                                                                                                MERIZA HERONICA
                                                                                                                            XII IPA 1

1 komentar:

paoloyack mengatakan...

TIGER BOTHING: TIGER BOTHING | Titanium Trim - ITBI
TIGER BOTHING. TIGER BOTHING. titanium pots and pans TIGER BOTHING. TIGER BOTHING. TIGER BOTHING. properties of titanium TIGER microtouch solo titanium BOTHING. TIGER BOTHING. titanium magnetic TIGER BOTHING. TIGER BOTHING. TIGER BOTHING. TIGER BOTHING. titanium stronger than steel

Posting Komentar

 
Design by Free WordPress Themes | Bloggerized by Lasantha - Premium Blogger Themes | Online Project management