Aksara Sunda Budaya nu kaancam lengit (Affifah Nm)


Jaman globalisasi anu beuki maju, nimbulkeun kamajuan budaya modern kana kahirupan bangsa, utamana kana kahirupan urang Sunda. Informasi anu euweuh batesna, jadi sabab loba budaya luar negeri anu kabawa kana kahirupan urang sunda. Boh tina cara hirup, kadaharan, teknologi, jeung sajabana. Asupna budaya asing ieu, aya mangpaatna oge keur urang sunda, contona tina widang elmu jeung teknologi. Tapi aya oge negatipna, nyaeta urang sunda poho kana budayana sorangan, salah sahijina kana aksara sunda.
            Aksara sunda mangrupa salah sahiji warisan budaya sunda anu kudu dipiara. Aksara sunda anu baheula dipake ku karuhun keur nulis sejarah dina prasasti, jeung nunjukkeun budaya anu jadi identitas urang sunda. Aksara sunda oge kaasup kana daptar budaya anu kaancam leungit, kusabab euweuh perhatian tina urang sunda sorangan. Urang sunda ayeuna leuwih resep kana budaya luar anu sipatna modern. Loba urang sunda anu boga pamikiran yen aksara sunda mah kaasupna geus teu jaman. Ieu mangrupakeun salah sahiji pamikiran anu salah.
            Ayeuna, kumaha carana pikeun ngalestarikeun aksara sunda? Salah sahiji cara anu bisa dilakukeun nyaeta, nerapkeun pangajaran aksara sunda di sakola. Ieu bisa ngawanohkeun aksara sunda kana generasi anu engkena bisa ngembangkeun aksara sunda. Ngagunakeun aksara sunda dina jalan-jalan oge bisa ngawanohkeun aksara sunda ka masarakat.
Wasta   : Afifah Nur M
Kelas     : XII IPA 1
 
             Upama aksara sunda terus dilestarikeun, kabeungharan budaya sunda moal lantis ku budaya luar. Bakal terus kajaga nepi kan anak incu urang.








0 komentar:

Posting Komentar

 
Design by Free WordPress Themes | Bloggerized by Lasantha - Premium Blogger Themes | Online Project management