Katupat Indonesia ( Nenden S M)


Tema   : Kadaharan
Judul    : Katupat Indonesia

       Kadaharan teh mangrupakeun salah sahiji kabutuhan pikeun mahluk hirup, anu dimaksad mahluk hirup didieu teh nya eta siga sato, tutuwuhan jeung jalma. Di dunya ieu teu aya mahluk nu tiasa hirup lamun teu dahar. Di planet bumi ieu sigana nagara anu beunghar ku dunya kadaharan teh nyaeta nagara Indonesia. Beut ti hiji kota wae tos leuwih ti sapuluh macem kadaharan anu bisa dihasilkeun. Sok sanajan Indonesia teh loba ku macem-macem kadaharanna tapi Indonesia oge miboga salah sahiji kadaharan anu ciri has nyaeta kupat.
       Numana ku urang dipikanyaho yen bangsa Indonesia teh miboga loba suku bangsa adat jeung istiadat anu kentel ku agamana anu dipercaya. Kitu deiuh di agama Islam nu mana Islam teh salah sahiji agama mayoritas urang Indonesia. Di agama Islam aya sababaraha poe nu penting anu sok diciri haskeun ku kadaharan. Contona katupat, katupat teh sok dijieun dina poenan Idul Fitri atawa lebaran.
       Ngamaknaan kupat teh bisa ditingali ti sababaraha rupa, nyarta ditingali tina rupa icon atawa gambar, bisa ditingali jadi magrupa lambang jeung bisa ditingali jadi mangrupakeun simbol. Icon atawa gambar teh nyaeta mangrupakeun panunjuk langsung, lambang nyaeta mangrupakeun cara pangangkatan gambar kana jero norma-norma atawa tatkrama dina kahirupan sapopoe, sdengkeun simbol mah nyaeta lapisan pikeun  ngamaknaan reflektif tina lambang anu kaiket ku kabudayaan.
       Mangrupa tina icon atawa gambar, katupat digambarkeun jadi kadaharan nu bahanna tiana beas anu dibungkus ku daun kalapa ngora atawa nu sok disebut janur. Henteu unggal jalma bisa ngajieun anyaman janur ajang wadah beas. Gambaran garfis katupat teh tuluy dipunculkeun jadi pikeun nyanghareupan poenan lebaran. Mangrupa tina lambang, katupat mere harti anu penting dina proses nyalametan.
       Mangrupa tina simbol, sacara historis kaupat lahir tina pergaulan kabudayaan pasisir laut. Sumber ti Malay Annal (1912) ku HJ van De Graaf nyebutkeun, yen katupat teh mangrupakeun simbol poenan Islam basa jaman pamarintahan Demak anu dipimpin ku Raden Fatah basa abad ka-15. Salian ti eta De Graaf oge ngaduga-duga sacara antropologis yen alesan katupan dibungkus ku janur teh pedah pikeun mere identitas budaya pasisir laut sabab tangkal kalapa loba tuwuh di dataran rendah . salian ti eta, warna koneng oge mere harti has ajang ngabedakeun ti warna hejo anu mana ti daerah Timur Tengah jeung warna beureum ti Asia Timur.
      Salian ti eta kabeh katupat teh geuning bisa mere makna anu lain nyaeta lamun urang keur nganjan/ silaturahmi jeung sasalaman anu miboga harti yen kupat teh cenah ngaku lepat/ ngaku salah. Kecap eta nungtut urang ajang ngaleungitkeun rasa keheul, kasinggung jeung intropeksi diri pikeun silih hampura.                

0 komentar:

Posting Komentar

 
Design by Free WordPress Themes | Bloggerized by Lasantha - Premium Blogger Themes | Online Project management