Motor dina Kahirupan Sapopoẻ (Siska)

Di jaman kiwari anu namina motor tẻh tos sanes barang anẻh atawa antik deui nu hargana teu kaudag ku kalangan handap. Ayeuna mah malahan motor tẻh ditatawarkeun ka unggal jalmi.  Tuluy upami urang badẻ mẻsẻr motor urang ngan ukur masihan “uang muka” saseueurna 500 rebu rupiah, komo kẻtang sok aya nu tara nganggo DP atawa “uang muka”. Salian ti ẻta, marakna motor di jalanan tẻh kusabab beuki majuna tehnologi jeung ẻlmu kaweruh manusa. Janten meureunan kusabab ẻlmu na beuki maju, manusa ayeuna mah arolo – olo, meus-meus hoyong nganggo motor, meus- meus capẻ lamun papah sakedik tẻh. Padahal mah kuduna urang isin ku kolot- kolot urang, ku karuhun urang, aranjenna mah papah mangpuluh-pulih kilo tara ngeluh.
Tapi, urang ogẻ teu tiasa mungkir tina kabutuhan nganggo motor. Simkuring ogẻ teu tiasa leupas tina motor tẻh, kaanggo pisan mangfaatna. Tapi mun diilik-ilik deui mah sabenerna kabutuhan kana motor teh tiasa dikirangan. Contona, simkuring unggal dinten nganggo motor kasakola kusabab salian ti jarak sakola nu rada jauh, akses kendaraan na ogẻ lumayan sesah, sareng meureun simkuringna nu rada  olo-olo jeung sesah gugah ẻnjing- ẻnjing. Tina alasan simkuring tadi sabenerna teu nganggo motor ge tiasa, nanging memang ongkos rada ageung, kedah gugah ẻnjing-ẻnjing sareng waktos rada kasita.
Kagorengan motor nu sanẻs nyaẻta ngiranganna panumpang dina angkot. Atuh supir angkot teh karunya, kedah ngudag setoran tapi panumpang na teu aya. Teras motor tẻh pamicu kalakuan kriminal siga ayana gẻng motor, sabab mun teu aya motor mah geng motor moal aya meureun. Salian ti ẻta motor nu keur meumeujeuhna tẻh kandaraan pangseueurna di jalanan, nu matak ngamacẻtkeun jalan sareng nambihan polusi udara.
Janten urang tẻh kedah kumaha atuh ? Di hiji sisi urang butuh nganggo motor, di sisi lian motor tẻh panyabab polusi, panyabab tukang angkot kakirangan penumpang, panyabab macẻt di jalanan, panyabab nu matak ayana gẻng motor, jeung sajabana. Nanging saur simkuring mah urang tẻh kedah papinter-pinter ngamangfaatkeun motor, tong kana hal – hal anu nẻgatif. Janten motor tẻh teu mubajir dianggo ku manusa.

0 komentar:

Posting Komentar

 
Design by Free WordPress Themes | Bloggerized by Lasantha - Premium Blogger Themes | Online Project management