BAHAYA KENTANG .. (Qori)


Saha anu teu kagoda kanu sayur anu hiji ieu, naon eta ? nya kentang ! kentang nyaeta sayuran anu populer dikalangan masyarakat, boh masyarakat kalangan handap boh kalangan luhur. kentang mimiti dipikawanoh ku rahayat di dunya dina abad ka -16 di Eropa. Biasana baheula mah kentang teh digunakeun menu keur jalma anu ngalakonan diet.
            Ayeuna loba anu teu mikawanoh yen sayur anu sakitu ngeunahna kawas kentang kieu bisa ngabahayakeun kaselamatan urang sadaya.
            Naha kentang bet ngabahayakeun ? naha emang dinu kentang aya naonan? aya racun dina kentang ?
Lamun urang mesek kentang, tuluy manggih aya gurat hejo dinu kentang eta nandakeun yen kentang eta ngandung racun glycoalkoid. salian ti eta kentang oge ngandung solanin. Dua racun eta ngabahayakeun pisan kanu kasehatan jalma. racun kentang biasana aya dina bagian daging jeung daun.
            jalma anu geus ka cemaran ku racun kentang biasana bakal ngarasa linglung, panon asa burem, tuluy teu lila tidinya anu karacunan kentang bakal koma teu bisa walakaya, tungtungna anu karacunan kentang bakal geletuk maot.
            Tah ku kituna matak urang sadaya kudu bisa ngabedakeun kentang anu alus jeung kentang anu geus kacemaran ku racun ngameh urang teu jadi korban karacunan kentang.
            Mugi-mugi esay ieu tiasa aya safaatna kanggo urang sadaya.

0 komentar:

Posting Komentar

 
Design by Free WordPress Themes | Bloggerized by Lasantha - Premium Blogger Themes | Online Project management