Seks jeung Rumaja (Retno)


Seks jeung rumaja nyaeta dua kecap anu beda tapi boga kaitan anu kuat pisan. Masa remaja nyaeta fase pendewasaan anu identik kana katertarikan jeung lawan jenis anu tungtungna ka masa penjajakan atawa bobogohan.
Usia rumaja nyaeta usia anu tingkat kelabilanna gede. Masa neangan jati diri pas usia rumaja loba dampak negatifna. Contona, make Narkoba, nginum-nginuman keras, tawuran, mabal sakola, jeung terjadina “FREE SEX”.
Masa bobogohan mindeng disalah artikeun. Para kaum rumaja ngartikeunna bobogohan teh nyaeta kabebasan tina ngalampiakeun hasrat seksualitasna. Tah tidieu akhlak para remaja mulai dipertanyakeun.
Henteu saeutik para rumaja anu ninggalkeun bangku sakolana kusabab ayana binih kamaksiatan dirahimna. Fenomena ieu geus katingali ku mata simkuring.
Simkuring pernah ngalakukeun survey pribadi ka sababaraha pasangan kakasih. Jeung hasil survey anu beunang sungguh nyieun simkuring teu percaya. Salapan ti sapuluh pasang kakasih ngaku yen manehna pernah ngalakukeun ‘ciuman’. Namung pas ditanya katerangan ngeunaan kaperjakaan atawa kaperawanan, maranehna milih henteu ngomong.
Fenomena anu tragis memang. Samurah eta harga kaparawanan atawa kaperjakaan di jaman ayeuna? Sarusak eta akhlak jeung moral para generasi muda? Astagfirulloh !!!

0 komentar:

Posting Komentar

 
Design by Free WordPress Themes | Bloggerized by Lasantha - Premium Blogger Themes | Online Project management