KAAJAIBAN ANGKA TUJUH (Annisa RD)


Allah SWT ngamuliakeun sabagian Rasul diluhur Rasul-Rasul anu laina. Allah SWT ngamuliakeun sabagian peuting tina peeuting-peuting anu laina, nyaeta peuting Lailatul Qadar. Salian ti eta, Allah oge ngamuliakeun hiji bulan tina bulan-bulan anu sejenna saperti bulan Ramadhan. Salajengna Allah SWT ngamuliakeun sababaraha mesjid saperti Masjidil Haram jeung Masjid Al-Aqsa. Allah oge ngamuliakeun surat Al-Fatihah, ayat kursi salaku ayat anu paling mulia dina Al Qur’an jeung sajabana.
             Tapi aya henteu angka anu ngagaduhan kaistimewaan tina angka anu lainna ? Jawabanna nyaeta angka tujuh, pastina saatos angka hiji . angka tujuh ngagaduhan tempat anu istimewa atawa khusus dina ibadah urang Mukmin, hadis-hadis Nabi Muhammad SAW di alam, sajarah, jeng sajabana. Waktos Allah SWT ngawitan nyiptakeun ieu alam, Allah milih angke tujuh jadi jumlah dina tingkatan langit jeung bumi (QS. At Thalaq : 12). Atom anu dianggap jadi satuan pembentuk alam disusun ku tujuh tingkatan elektron jeung teu mungkin leuwih ti eta. Kitu oge, jumlah poe dina saminggu anu jumlahna tujuh, jumlah tanda musik anu tujuh, jeung jumlah warna pelangi anu oge tujuh.
            Ayeuna waktos Rasulullah Saw nyarita ngeunaan dosa-dosa ageing, anjeuna ngawatesan ku tujuh rupa dosa (HR. Al Bukhari & Muslim). Kitu oge waktos nyarita ngeunaan kajahatan jeung nyokot hiji hal anu lain hakna ti bumi, Rasulullah ngajadikeun angka tujuh salaku tanda kanggo siksaaan di poe kiamat (HR. Al Bukhari & Muslim). Dina masalah sujud, Rasulullah geus mere nyaho ka urang sadaya ngeunaan perentah Allah pikeun sujud ngagunakeun tujuh anggota badan nyaeta, taar, dua telapak panangan, dua tuur, jeung ramo-ramo sampean. Kitu oge waktos saurang muslim kuena kana cai ciduh anjing, cara ngabersihkeunna ku cara ngawasuh tujuh kali anu salah sahijina make taneuh.
            Urang sadaya parantos terang yen ibadah haji nempatan tempat kalmia dina rukun islam. Dina ibadah haji, urang tawaf disakuriling Baitullah salami tujuh puteran, ngalaksanakeun sa’I antara Shafa jeung Marwa tujuh kali oge. Waktos ngalung jumrah, Nabi Muhammad oge ngalungkeun batu jumrah tujuh kali. Lamun urang  ngitung jumlah surat jumlah ayat, jumlah hurup, jenung jumlah hurup anu ngabentuk nami ALLAH, urang bakal meunangkeun hasil angka kalipetan tujuh. Kateraturan bilangan tujuh dina AL Quran nunjukeun sacara jentre yen Allah SWT parantos ngurutkeun kitab-Na ku bentuk anu salaras jeung angka tujuh.
            Salaku urang Mukmin, urang sadaya kedah tetep nyepengan teguh kana kitab Allah SWT sarta henteu ngomongkeun sagala rupa nu aya dilangit jeung dibumi ieu teh ngan saukur “teu kahaja”. Lantaran sadayana oge parantos aya nu ngatur. Supaya akidah urang diadegan ku dasar anu kuat jeung iman anu kuat  sarta kapercayaan anu luhur ka Allah SWT .

0 komentar:

Posting Komentar

 
Design by Free WordPress Themes | Bloggerized by Lasantha - Premium Blogger Themes | Online Project management