LALAKON KAMUS DANADIBRATA ( Michael )


LALAKON KAMUS DANADIBRATA


Kamus basa sunda medal deui. Ayeuna mah. R.A.Danadibrata (1905-1987) nu nyusun teh. Hasil kumpal-kempil kukumpul kekecapan salila 40 taun eta the. Ti 1930-1970-an persisna mah. Munasabah mun jumlah entrina  pangreana, 40.000 kitu atuh
Mangga bandingkeun sareng kamus basa Sunda sanesna. Katara geura onjoyna. A Dictionary of the Snda language of java (1862) anu disusun ku Jonathan Rigg, entrina ngan 9.308. kamus basa sunda (1948) yasana Sacadibrata ngan ngawadahan 13.000 entri. Demi Soendaas-Nederlands woordenboek (1984) anu disusun ku F.S Eringa ngan nepi ka 22.500 entri. Lebah dinya nyongcolangna kamus basa sunda R.A.Danadibrata teh. Nu matak salila 150 taun lalakon nyusun kamus, sigana R.A Danadibrata pisan nu bisa ngelengkepan kandaga kamus basa sunda.
Mun dituturkeun lalakonna, Kamus Basa Sunda Danadibrata teh leres rada neggang ti nu biasa. Danadibrata teh ku sarerea sok disebut pa Dana henteu kungsi kakocapkeun jadi ahli basa, ti samemehna oge. Pendidikanna lain dina jurusan basa, kitu deui tugas padamelanana. Tapi katineung anjeunna kana basa sunda, sigana mah kacida kandelna. Numutkeun katerangan anu langsung didugikeun ku anjeunna, anu jadi pangjurung palay nyusun Kamus Basa Sunda teh cenah sala saurang saderekna. “Ku naon ari urang Walanda barisaeun nyusun Kamus Basa Sunda, ari urang Sundana sorangan henteu?” kitu kira-kira kasauran saderekna. Eta kajadian dina mangsa urang dijajah keneh ku Walanda.
Nya ti harita pa Dana mimiti ngeureuyeuh nyusun kamus. Ketang, disebut kitu soteh ngarah gampangna wungkul. Da dina prakna mah, anjeunna teh “ngan sakadar” ngumpulkeun rupa-rupa kecap anu aya di masarakat. Dipapaykeun naon hartina eta kecap. Malah leuwihna ti eta, mun ninggang dina aya paribasa atawa babasan, sok ditarekahan supados kasusud naon asal muasalna nepi ka aya paribasa siga kitu.
Ku lantaran harita anjeunna jeneng jadi pamongpraja (pangsiunan tina wadana), atuh kecap-kecap anu kakumpulkeun ku anjeunna teh kawilang lumayan, da kacatet kecap-kecap ti sawatra tempat. Waktos Ajip Rosidi keur mingpin keneh penerbit pustaka jaya, naskah kamus teh kunu ngumpulkeunnana dipasrahkeun. Maksadna, haying diterbitkeun. Ajip Rosidi harita ngajenghok kabina-bina, nenjo naskah kamus anu supados kitu. Nilik tina kandelna jeung reana kecap anu kakumpulkeunnana oge, geus matak reuwas. Mangkaning eta teh meunang ngumpulkeun sosoranganan,bari lain gawe anu husus ngan eta-etana wungkul.
Ku lantaran Danadibrata lain ahli basa anu kaluaran sakola resmi, sumawonna kungsi meunang didikan kumaha cara-carana nyusun kamus, atuh naskahna the beunang disebutkeun atah keneh pisan. Anu matak ku Pustaka Jaya, nya dibeberes deui. Malah eta penerbit teh nepi ka ngahagal deui ngabayuan eta kamus, ku jalan dipariksa deui ku tim editor anu diwangun ku tiluan. Ti dituna mah mah supados dina waktuna engke terbit, eta kamus teh geus bener-bener jadi hiji kamus anu nyumponan.
Hanjakal, eta gawe anu pujieun pisan teh henteu nepi ka jucung, lantaran pegat di jalan alatan sawatara alesan. Pleng bae, sababaraha taun lilana eta naskah teh taya deui bejana. Malahan kontrakna oge, antara Danadibrata jeung pustaka jaya, geus kaleuwihan teuing. Nyanghareupan kaayaan anu siga kitu,anu sasat  teu puguh arep-arepeunana, komo sabada Ajip Rosidi diganti ku nu sejen kalungguhanana di eta penerbit, nu panghareudangna mah nya nu nyusunna. Nyaeta pa Dana. Teu sasatna ka sasaha anu tepung di mana bae, anjeunna ngadongengkeun nasib kamusna tea anu angger keneh mangrupa naskah bari teu puguh nasibna.
Aya untungna pa Dana “ngucah-ngaceh” naskahna ka sarerea teh. Da ahirna teu burung aya anu nyunggut. Aya sala saurang anu nyanggupan nerbitkeun eta naskah. Nya geus puguh kitu mah, administrasina dibeberes. Urusan kontrak, urusan tetek bengekna direngsekeun. Ayeunna, eta naskah teh geus puguh deui gekgekanana, Sundanologi kapapancenan pikeun nyekel tanggung jawab nerbitkeun eta naskah. Kaasup soal teknisna
Nurutkeun Dr. Edi S.Ekadjati, anu mingpin sundanologi, naskah kamus basa Sunda Danadibrata teh bakal diterbitkeun sakumaha kaayaanana bae. Editingna moal dibeberes sakumaha rencana tadina. Ieu mah ngan ukur rek sakadarna bae. Nepi ka dina engkena jadi buku, masih keneh tiasa disebutkeun yen eta bner susunan Danadibrata. Nurutkeun rencana, taun ieu oge eta naskah teh bakal turun ka percetakan. Ngan ku lantaran naskahna kandel tea, tangtu bakal rada lila prosesna nyitakna teh. Sanajan kitu, ari geus turun ka percetakan mah tangtu bakal leuwih puguh arep-arepeunana. Muga-muga bae eta kamus basa Sunda teh sing bener-bener tiasa terbit, nepi ka bakal nambahan euyeubna kakayaan basa sunda Umumna

0 komentar:

Posting Komentar

 
Design by Free WordPress Themes | Bloggerized by Lasantha - Premium Blogger Themes | Online Project management