ROKOK JEUNG AWEWE (Vivin)


Haseup anu kaluar tina baham lalaki sajati “cenah” anu ngabahayakeun jeung ngarugikeun tapi nikmat jang anu ngonsumsina, ayeuna mah loba kaluar tina baham awewe. Simkuring salaku awewe ngarasa teu tarima kana kalakuan awewe-awewe anu geus ngundang panyakit kana dirina sorangan. Padahal geus jelas diperingatkeun dina bungkus rokok eta sorangan yen “MEROKOK DAPAT MENYEBABKAN SERANGAN JANTUNG DAN IMPOTENSI SERTA KERUSAKAN PADA JANIN,”  tapi naha jalma-jalma anu ngonsumsina henteu paduli kalakah beuki jadi ngisap eta rokok.
            Simkuring osok ngabayangkeun kumaha nasib kahareupna bangsa Indonesia lamun awewe-awewe anu ngahuni ieu nagara kalakuanna henteu bener samodel ngarokok. Sabab awewe anu ngarokok osok meunang pandangan goreng ti masyarakat jeung bakal aya kucilan ti eta masyarakat.
            Nini simkuring pernah nyarita yen baheula mah Indonesia teh katelah ku awewena anu lembut, lugu, jeung someah sarta ngajaga pisan kana harkat, darajat, sarta martabatna salaku awewe. Namung nini simkuring ayeuna jarang atanapi henteu ninggali hal samodel kitu cenah. Rek jadi naon bangsa Indonesia lamun awewena jiga kitu? Ayeuna mah loba awewe anu geus teu eucreug (ceuk kasarna mah), maranehna tuturut munding kana kahirupan orang barat contona: aya awewe anu nembong-nembong oratna nepika katingali bagian-bagian orat anu kuduna dipusti-pusti atawa ditutup bener-bener, seks bebas henteu dikota henteu dikampung saruana, minuman keras merajalela dikalangan budak atawa kolot, jeung salah sahiji conto lainna nyaeta rokok dikalangan awewe. Padahal geus dijelaskeun dina hadist yen maju atawa henteuna suatu nagara kumaha awewe anu nyicingan nagara eta. Hal ieu dikarenakan awewe teh salah saurang anu bakal ngadidik anak-anakna. Kumaha dek ngadidik anak-anakna ka arah anu leuwih hade ari manehna sorangan ge henteu hade kalakuanna.
            Geus loba fakta ngeunaan hal diluhur, kusabab simkuring mindeng indit ka tempat- tempat makan atau tempat nongkrong barudak dikota terus ninggali  awewe keur nyantei saeunggeus dahar atawa keur ngumpul jeung babaturanna keur ngararokok. Hal anu sulit dibayangkeun memang tapi simkuring pernah manggihan oge, waktu kuring dahar jeung babaturan aya sapasang kakasih anu ujug-ujug diuk digigir simkuring terus si lalakina ngaluarkeun sabungkus rokok tuluy diisepna. Teu lila tidinya si awewe nurutan hal anu dilakukeun kabogohna. Astagfirulloh rek jadi naon eta awewe, geus mah bobogohan ti peuting, ngarokok, jeung anu leuwih parah eta awewe make baju anu kurang sopan.
            Salian manggihan hal eta diberbagai tempat dahar atawa tempat nongkrong, pas pergantian malam tahun baru simkuring reuwas ninggali loba awewe anu ngarokok dimana-mana. Malih mah pas poe kamerdekaan Indonesia didaerah kampung-kampung katingali loba pamuda pamudi anu ngarayakeunna dengan ngarokok jeung minuman keras. Anu model kieu penerus bangsa teh? Bakal maju moal nya Indonesia?
            Hal ieu mangrupakeun pangaruh globalisasi anu ku maranehna henteu di saring sacara bener-bener, jeung hal anu di ungkapkeun diluhur mangrupakeun hal anu negative pisan. Kusabab kitu para gadis, cing ati-ati dina nyaring pangaruh globalisasi. Cokot hal anu positifna hungkul jeung tinggalkeun sarta jauhan hal-hal anu negatifna samodel ngarokok. Jaga diri jeung kasehatan urang bener-bener, tinggalkeun jeung jauhan tina ngarokok sarta jadi awewe anu sabenerna. Jeung jang lalaki lamun boga kabogoh anu ngarokok, sadarkeun manehna ambeh bangsa Indonesia maju kusabab awewena anu balener jeung harade.

0 komentar:

Posting Komentar

 
Design by Free WordPress Themes | Bloggerized by Lasantha - Premium Blogger Themes | Online Project management