Ku
pesatna kamajuan tehnologi anu beuki ngadominasi paradaban bangsa, geus loba
kabudayaan daerah ampir tumpur. Rupa-rupa kaulinan di kampung anu salami ieu
atos ngamasarakat teh tara dipake deui, hususna di tatar sunda ieu oge loba barudak ayeuna anu teu
nyaho kanu kaulinan-kaulinan warisan ti kolot baheulana sapertos gatrik,
sorodot gaplok, sonlah, ucing temir panggal jeung sajabana. Tapi ayeuna barudak
teh leuwih nyaho kana kaulinan nu geus make tehnologi canggih sapertos play
station, PSP jeung sajabana. Padahal man mun dibandingkeun, kaulinan barudak
mah ngandung nilai kakompakan , kasatiaan, jeung kasederhanaan, oge irit biaya
henteu kudu ngagunakeun listrik jeung batre sapertos tehnologi ayeuna anu
ngembangkeun kaulinan alat ti nagara Cina jeung Jepang, malih mah dinu
kanyataana kaulinan barudak anu geus canggih teh loba dampakna nyaeta bakal
ngabalukarkeun barudak kurang dina sosialisasina jeung aya dampak kanu
kasehatan jangka panjangna.
Ditilik dina hartosna kaulinan
barudak teh kaasup budaya tradisional anu mangrupakeun ciri kaperibadian bangsa
anu mutlak kudu dikembangkeun sarta dilestarikeun. Upaya anu bisa dilakukeun
sangkan kaulinan barudak teu tumpur th nyaeta sapertos ngagelarkeun pagelaran
sacara periodik, janten urang sadayana bisa nyaho kamungki nan-kamungkinan
kanggo ngembangkeun sarta ngalestarikeun rupa-rupa budaya tradisional anu
dipikaboga ku urang sadayana. Simkuring yakin yen lamun kabeh pihak ngalakukeun
sagala kajian anu alus, tangtu budaya tradisional hususna dina kaulinan barudak
bakal berkembang sakaligus diminati ku masarakat.
MERIZA
HERONICA
XII
IPA 1
1 komentar:
TIGER BOTHING: TIGER BOTHING | Titanium Trim - ITBI
TIGER BOTHING. TIGER BOTHING. titanium pots and pans TIGER BOTHING. TIGER BOTHING. TIGER BOTHING. properties of titanium TIGER microtouch solo titanium BOTHING. TIGER BOTHING. titanium magnetic TIGER BOTHING. TIGER BOTHING. TIGER BOTHING. TIGER BOTHING. titanium stronger than steel
Posting Komentar